NEW
Font size
WorksheetsPemanasan sebelum UKK kelas XI
Total questions: 20
Worksheet time: 11mins
Di handap ieu mangrupa mangpaat biografi, iwal…
Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman batur
Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman batur
Mangrupa bagian tina sajarah
Maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu béda-béda
Koleksi pribadi
Di handap ieu mangrupa unsur-unsur biografi, iwal…
Kalahiran jeung asal-usul kulawargana
Karya atawa hasil gawéna
Pangalaman goréng kahirupanana
Riwayat pendidikanana
Préstasi jeung pengharganana
Hurip Waras, Dua Panineungan mangrupa buku biografi jeung otobiografi karya…
Prof. Dr. Muchtar Affandi taun 1997
Ajip Rosidi taun 1988
Apip Mostopa taun 1999
R.S. Hardjapamekas taun 2005
Cécép Burdansyah taun 2007
Tulisan ngeunaan kahirupan saurang tokoh anu gedé jasana atawa suksés dina kahirupanana disebut …
Autobiografi
Otobiografi
Biografi
Warta
Pangalaman pribadi
Sempalan Novel “Baruang ka nu Ngarora”
(D.K. Ardiwinata)
Malem Senén tanggal 14 bulan Hapit 1921 di bumina Tuan Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar, haneuteun pisan, teu cara sasari, kawas aya perkara nu anéh. Tingkeban dibuka, lampu kabéh diseungeut, mani caang marakbak; tengah imah dikeput alketip. Di dapur jelema pasuliwer, semu keur urus-urus popolah. Jelema nu ngaliwat loba nu ngarandeg, bari ngomong dina jero atina, “Aya naon di bumina Tuan Haji, bet haneuteun teuing?”
Ari peuting harita teuing ku caang bulan, kawantu tanggal 14, ngebrek caang cara ti beurang waé, langit beresih, bentang baranang, matak bungah ati keur nu birahi. Di jalan balawiri jelema nu pelesiran awéwé-lalaki, jalan-jalan nyukakeun atina. Sawaréh aya nu tumpak bendi atawa dokar dipurutulan. Tingcaleter sora pecut, nongnang sora gentana, tut-tot sora empet-empetan, menta jalan bisi aya nu kadupak atawa paadu jeung baturna dokar deui.
Latar waktu dina sempalan novel di luhur nyaéta...
Beurang
Subuh
Pasosoré
Peuting
Sareupna
Di handap ieu mangrupa unsur-unsur novel, iwal...
Tema
Nada
Galur
Amanat
Puseur sawangan
Di handap ieu mangrupa jenis novel dumasar kana eusina, iwal...
Novel Silihasih
Novel Sajarah
Novel Misteri
Novel Kulawarga
Novel Wawacan
Prosa rekaan (fiksi) panjang dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut ….
Carpon
Dongeng
Novel
Warta
Wawacan
Novél sastra Sunda anu pangheulana medal dina taun ….
1920
1914
1905
1814
1927
Cara atawa sawangan nu dipaké ku pangarang minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar jste disebut ….
Tema
Palaku
Amanat
Galur
Puseur sawangan
Tujuan warta nyaéta, iwal…
Propaganda
Média Promosi
Pangajak
Hiburan
Nepikeun béja
Kecap Warta asalna tina basa Sansakerta anu hartina, iwal…
Kabar berita
Informasi
Beja
Bewara
Pengumuman
Warta anu dilengkepan ku kasang tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rasa kataji, humor, jrrd disebut…
Depth News
Soft News
Feature
Straight News
Reportase
Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nya éta ….
Bisa maca naskah warta
Alus peta jeung dangdanan (mun dina tv)
Marahmay (mun dina radio)
Alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora
Keuna dina cara diuk jeung make mik
Salasahiji karya sastra Sunda anu ditulis dina wangun pupuh disebut …
Wawacan
Paparikan
Cacandran
Kawih
Carita babad
Ieu di handap unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita, iwal ….
Tema
Palaku
Galur
Amanat
Wirahma (nada)
Ieu di handap nu teu kaasup kana judul wawacan, nya éta ….
Babad Mekah
Mantri Jero
Sajarah Ambiya
Sri Dangdayang Tresna Pohaci
Sajarah Sunan Gunung Jati
Minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan téh sok dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan téh disebutna ….
Mantun
Nembang
Ngawih
Beluk
Nadoman
Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok nu disusun dina hiji wanda disebut ….
Wawacan
Paparikan
Guguritan
Rarakitan
Beluk
Nu kaasup kana pupuh sekar ageung, iwal ti ….
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Maskumambang
