Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda

Total questions: 25

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan wawancara antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara senyana sarua jeung ....

a)

sawala

b)

diskusi

c)

tanya jawab

d)

paguneman

2.

Anu teu kaasup kana wanda wawancara nyaeta wawancara ....

a)

wartawan

b)

panalungtikan

c)

lamaran gawe

d)

sapopoe

3.

Kecap pananya anu cocog pikeun ngalengkepan ieu kalimah, nyaeta ....

"... nu pangheulana nulis buku kumpulan carpon Sunda?"

a)

saha

b)

ku saha

c)

naon

d)

mana

4.

waktu wawancara jeung nu diwawancara (narasumber) bisa ngamangpaatkeun sababarah alat, iwal ....

a)

gambar

b)

catetan

c)

rekaman

d)

poto (potret)

5.

Lamun urang rek ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal nu henteu diestokeun, nyaeta ...

a)

muguhkeun informasi naon anu rek dikumpulkeun

b)

nangtukeun saha nu rek diwawancara (nara sumber)

c)

nangtukeun iraha waktu jeung di mana tempatna rek ngayakeun wawancara

d)

nyayagikeun keretas kososng jeung alat tulis

6.

Dina nyusun padoman wawancara diperlukeun ....

a)

kailmah wawaran

b)

kalimah pananya

c)

kalimah parentah

d)

kalimah panyeluk

7.

Anu henteu kaasup istilah perdagangan nyaeta ....

a)

untung

b)

rugi

c)

retur

d)

buku

8.

Di handap ieu anu kaasup kana kalimah bilangan, nyaeta ....

a)

harga buku teh opat puluh rebu rupiah

b)

mamah meuli jeruk dua kilo

c)

Rudi teh naek ka kelas 6

d)

Ded, nambut heula artis lima rebu

9.

Paribasa anu hartina ' dagang barang ka tempat anu nyieunna atawa tempat asalna' nyaeta ...

a)

Dagang oncom rancatana emas.

b)

Mata dijual ka peda.

c)

Dagang peda ka Cirebon.

d)

Nyair hurang meunang kancra.

10.

Ungkara di handap ieu, dina biantara kaasup kana ....

"Assalamualaikum ww.

Sampurasun!

a)

salam pamuka

b)

salam panghormat

c)

salam panutup

d)

salam pangwilujeng

11.

Ungkara "Sakitu nu tiasa dipihatur. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa anu pasila, neda tawakupna" kaasup kana ....

a)

bagian bubuka biantara

b)

salam panutup biantara

c)

bagian panutup biantara

d)

bagean eusi biantara

12.

Kecap kaayaan atawa kecap sipat anu nuduhkeun rasa, nyaeta ....

a)

koneng, alus, amis

b)

amis, pait, pangset

c)

panjang, pondok, jangkung, pendek

d)

caang, poek, ceudeum

13.

Kecap katerangan tina kecap kaayaan ipis, nyaeta ....

a)

kedeplik

b)

ngabetrak

c)

ngagebay

d)

nyempring

14.

Di handap ieu ngaran warna anu asalna ti tutuwuhan, iwal ....

a)

bungur

b)

hejo

c)

koneng

d)

coklat

15.

Di handap ieu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaeta ....

a)

Wa Haji teh kagungan mobil sae

b)

hade tata hade basa

c)

peunteun rapotna teh pangsaena

d)

cecendet mande kiara

16.

Tempat para padagangan nayakeun jual beli anu maneuh, nyaeta ....

a)

warung

b)

toko

c)

pasar

d)

elos

17.

Kagiatan anu nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea, disebut ....

a)

sawala

b)

diskusi

c)

biantara

d)

paguneman

18.

Anu disebut nyarita dina wangun hutbah teh, nyaeta ....

a)

biantara d hareupeun masyarakat umum

b)

nepikeun materi pangajaran di hareupeun murid

c)

biantara pikeun ngajak masyarakat milih calon pamingpin

d)

nepikeun materi kagamaan di handapeun jamaah

19.

kasakit dina baham lantaran panas beuteung disebutna ....

a)

ewateun

b)

balideug

c)

barusuh

d)

jangar

20.

Olahraga teh rupa-rupa. Aya olahraga anu murah, nyaeta ....

a)

badminton

b)

leuleumpangan

c)

volley ball

d)

basket ball

21.

Di handap ieu hal-hal anu teu ngabalukarkeun kana lingkungan kurang beresih, nyeta ....

a)

haseup kendaraan

b)

limbah pabrik

c)

haseup roko

d)

cai walungan

22.

Pikeun nuluykeun paribasa "legok tapak, .... nyaeta ....

a)

rea luang

b)

jero kadek

c)

rea pangabisa

d)

genteng kadek

23.

Hilman mah budakna sok "gede hulu". Kecap nu dicondongkeun ngandung harti ...

a)

beughar

b)

sangsara

c)

sombong

d)

agul

24.

Kalimah anu salah basa lemesna nyaeta ...

a)

Abdi mios ka sakola.

b)

Bapa angkat ka kantor

c)

Abdi bobo di kamar

d)

Mamah kulem di pangkeng

25.

Di handap ieu anu teu kaasup kana kalimah aktip, nyaeta ....

a)

Neng Weni nuju diajar nembang

b)

Mamah nuju ngacukan Dede

c)

Domba keur dicangcang ku Aki

d)

Andi keur ngarang carpon