wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS GENAP ONLINE BHS. SUNDA KELAS 7 (TUJUH) TAHUN 20-21

Total questions: 20

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Dongeng nu eusina nyaritakeun asal muasal hiji kajadian atawa hiji perkara (tempat, sasatoan, tutuwuhan jeung sajabana) disebut ...

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Parabel

d)

Babad

2.

Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nyaeta dongeng mah ...

a)

Eusina loba pamohalanna

b)

Kapanggih pangarangna

c)

Palakuna saeutik

d)

Eusina kahirupan sapopoe

3.

Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut ...

a)

amanat

b)

latar

c)

tema

d)

palaku

4.

Amanat teh nyaeta hal anu hayang ditepikeun ku ... dina jero karyana

a)

nu maca

b)

pangarang

c)

nu ngadengekeun

d)

penerbit

5.

Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng disebut ...

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Amanat

d)

Latar

6.

Palaku nu mibanda sipat hade disebut ...

a)

Antagonis

b)

Prontagonis

c)

Utama

d)

Tambahan

7.

Runtuyan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongeng disebut ...

a)

Alur

b)

Amanat

c)

Latar

d)

Tema

8.

Dongeng ngeunaan Sikabayan kaasup kana dongeng ...

a)

Fabel

b)

Legenda

c)

Parabel

d)

Sasakala

9.

Dongeng sasakala teh nyaeta dongeng nu nyaritakeun ...

a)

Kajadian

b)

Asal-usul

c)

Jalma biasa

d)

Kakuata gaib

10.

Ieu dihandap nu lain dongeng sasakala nyaeta ...

a)

Situ Bagendit

b)

Sikabayan

c)

Sangkuriang

d)

Tangkuban parahu

11.

Palaku antagonis teh nyaeta palaku ...

a)

anu hade

b)

anu goreng

c)

utama

d)

tambahan

12.

Rarangken tengah teh pernahna di .... kecap nu di rarangkenan

a)

tengah-tengah

b)

tungtung

c)

tukang

d)

hareup

13.

Rarangken tengah -ar- bakal robah pernahna jadi dihareup lamun dilarapkeun kana kecap anu dimimitian ku aksara ...

a)

Paeh

b)

Vokal

c)

L atawa R

d)

Konsonan

14.

"Ari diajarna bener mah soal ulangan teh mani arenteng geuning!"

Kecap arenteng dina kalimah diluhur ngandung harti ...

a)

saeutik nu entengna

b)

kabehannana arenteng

c)

euweuh nu entengna

d)

hiji nu entengna

15.

Diantara kecap-kecap ieu dihandap anu ngagunakeun rarangken tengah -in- nyaeta kecap ...

a)

Bintang

b)

Pinter

c)

Kulincir

d)

Pinilih

16.

"Ulah waka diala buah teh Adun, humaseum keneh!"

Kecap humaseum dina kalimah diluhur ngandung harti ...

a)

can cukup haseumna

b)

asak tapi haseum

c)

keur meujeuhna haseum

d)

kakara rek haseum

17.

Kalimah nu subjekna (jejerna) migawe pagawean disebut ...

a)

kalimah teu sampurna

b)

kalimah parentah

c)

kalimah aktif

d)

kalimah pasif

18.

Kalimah nu subjekna (jejerna) kakeunaan ku kecap pagawean disebut ...

a)

kalimah teu sampurna

b)

kalimah parentah

c)

kalimah aktif

d)

kalimah pasif

19.

Dihandap nu kaasup kalimah aktif ...

a)

Tina dipiwarang ka warung ku Mamah

b)

Pare dipacokan ku manuk

c)

Patlot katincak ku mamat

d)

Amir diuk dina korsi

20.

Dihandap nu kaasup kalimah pasif nyaeta ...

a)

Hayam macukan parab

b)

Maung di Taman Sapari mawa daging

c)

Gelas Katajong ku Mang Dudung

d)

Japati ngapung muteran imah