Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Basa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Biantara atawa pidato teh nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikeun inpormasi atawa hal-hal nu kaitungpenting dipikanyaho ku batur.

a)

Leres

b)

Lepat

2.

Dina nepikeun biantara teh kudu cempreng. Sora (vokal) kudu ngoncrang tarik tur bentes.

a)

Leres

b)

Lepat

3.

Dina nepikeun biantara kudu pparigel nutup biantarana. biasana mun panutupna alus, sok neundeun kesan ka nu ngaregepkeunana.

a)

Leres

b)

Lepat

4.

Dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeunsalam tur muji sukur ka Gusti Allah SWT.Aya oge anu sok ngadugikeun solawat salam ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW.


Diluhur ieu pangertian tina...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

5.

Pamungkas biantara annu eusina minangka kacindekan jeung saran-saran nyaeta...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

6.

Hadirin Sadayana,


Tos rada lami padungdengan perkara hengkerna kareueus nonoman Sunda kana basa jeung budayana teh. Malah kantos diaduroyomkeun dina kongres Basa Sunda.

........................................................................................................................................................................................................

Kitu emutan simkuring perkawis ngaronjatkeun kareueus nonoman Sunda kana basa jeung budayana teh. Cindekna, upami nonoman tos reueus kana basa jeung budayana, baris ngajanggelek jadi manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, bari teu kabalinger, tur singer.


Diluhur ieu mangrupa...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

7.

Ragam basa anu umumna dipake dina situasi biasa atawa digunakeun ka babaturan nyaeta...

a)

Basa Lemes ka batur

b)

Basa lemes ka nyalira

c)

Basa Hormat

d)

Basa Loma

8.

Ceklis dihandap ieu anu lebet kana basa lemes ka batur

a)

Lebet

b)

Mulih

c)

Mios

d)

Angkat

e)

cocoba

9.

Ceklis dihandap ieu anu lebet kana basa lemes kanggo nyalira.

a)

Meser

b)

ngagaleuh

c)

heuay

d)

waras

e)

baca

10.

Biantara anu ditalar tanpa naskah disebutna...

a)

Tehnik naskah

b)

tehnik ekstemporan

c)

tehnik impromtu

11.

Dadaran (Deskripsi) nyaeta karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak)minangka hasil pangalamanana.

a)

Leres

b)

Lepat

12.

Kampung adat nyaeta kampung tradisional anu masih keneh nyekel tali paranti karuhunna tur ngalaksanakeun upacara-upacararitual karuhunna

a)

Leres

b)

Lepat

13.

Dihandap ieu sababaraha tempat anu mangrupa kampung adat di Jawa Barat, diantarana...

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Ciptagelar

c)

Kampung Cangkuang

d)

Kampung Kadu

e)

Kampung Cai

14.

Tagog Anjing mangrupakeun potongan wangunan saung anu meh samodel jeung potongan badak heuay, ngantuntung usukna patepung jeung tuntung usuk nu hareup, jadi wangunna ngeluk kawas anjing keur nagog atawa jogo.

a)

Leres

b)

Lepat

15.

Bilik nyaeta potongan wangun imah anu tungtung suhunna make awi atawa cai dicagakkeun kawas gunting rek nyapit.

a)

Leres

b)

Lepat

16.

bagian imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah nyaeta...

a)

Suhunan

b)

Lalangit

c)

Hateup

d)

Capit Guntinng

17.

Ujang rek meuli buku naon?


Rubah pananya diluhur ieu make basa lemes!

(a)  

18.

Kapan anak-anak santri berangkat ke masjid untuk mengaji?


Pek robih kalimah pananya diluhur ieu make basa sunda anu lemes tur sopan!

(a)  

19.

Rohangan handapeun imah panggung nyaeta...

a)

Lalangit

b)

Suhunan

c)

Kolong

d)

Hateup

20.

Wuwung nyaeta tutup hateup sapanjang sambungan suhunan tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan

a)

Leres

b)

Lepat