Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Wawancara

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan wawancara umumna diwangun ku tilu bagian nyaéta..

a)

Bubuka, eusi, panutup

b)

Struktur, bubuka, panutup

c)

Bubuka , struktur, eusi

d)

Bubuka, eusi, struktur

e)

Struktur, eusi, panutup

2.

Bubuka dina wawancara gunana pikeun….

a)

Ngarahkeun naon – naon nu rék di diskusikeun

b)

Ngarahkeun jang pamungkas

c)

Bagian eusi tina wawancara

d)

Tahapan nyindekkeun jeung nutup wawancara

e)

Ngajelaskeun sagawayah

3.

Dina prosés ngawawancara teu leupas tina kalimah pananya, nya éta...

a)

5W 1H

b)

5W 2H

c)

5W 3H

d)

5H 1W

e)

5H 2W

4.

Tahapan anu pamungkas dina wawancara nyaéta...

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Sanduk – sanduk

e)

Mertélakeun maksud jeung tujuan

5.

Kagiatan ngawawancara merlukeun komunikasi anu merenah sangkan urang ngajénan ka narasumber, ku kituna urang kudu merhatikeun..

a)

Grammar

b)

Tatakrama basa

c)

Setelan raksukan

d)

Sora nu hadé

e)

Kahebatan

6.

Kagiatan wawancara téh bisa lumangsung upama rarancangna geus ditataharkeun jeung di susun. Kecap anu di garis handapan ngabogaan maksud

a)

Dimatengkeun

b)

Di rasa cukup

c)

Disiapkeun

d)

Jadi

e)

Merenah

7.

Proses tatahar saméméh ngawawancara téh umumna ngawengku tilu kagiatan, nyaéta .....

a)

Nangtukeun tujuan, daptar narsumber jeung tema

b)

Nangtukeun téma, narasumber jeung nyusun daptar pananya

c)

Nangtukeun jejer, judul jeung amanat

d)

Nangtukeun galur, lalakon jeung maksud

e)

Nangtukeun téma, narasumber jeung nyusun daptar lalakon

8.

Aya tilu tahap dina ngalaksanakeun wawancara téh, nyaéta...

a)

Tatahar, ngalaksanakeun wawancara jeung simpulan

b)

Tatahar, ngalaksanakeun wawancara jeung nyusun laporan

c)

Tatahar, nangtukeun téma jeung nyusun laporan wawancara

d)

Tatahar, nangtukeun maksud jeung tujuan

e)

Tatahar, ngalaksanakeun wawancara jeung tutup

9.

Sanggeus hidep ngalaksanakeun wawancara hasilna bisa dijieun laporan, wangun laporan dina wawanacara aya dua nyaéta....

a)

Wangun dialog jeung tatahar

b)

Wangun narasi jeung struktural

c)

Wangun narasi jeung dialog

d)

Wangun dialog jeung narasumber

e)

Wangun dialog jeung struktural

10.

Naha aya tarékah kanggo miara koleksina supados teu enggal reksak? Kecap anu di garis handapan dina ieu kalimah ngabogaan harti...

a)

Akal

b)

Tatahar

c)

Usaha atawa ihtiar

d)

Maksud

e)

Tujuan

11.

Hatur nuhun, rupina cekap baé ti simkuring kanggo ieu wawancara téh.

Kalimah di luhur mangrupakeun ...

a)

Panutup dina wawancara

b)

Eusi dina wawancara

c)

Bagian ahir dina eusi

d)

Bagian bubuka dina wawancara

e)

Bagian panutup dina biantara

12.

Dina laporan hasil wawancara wangun narasi umumna maké basa ...

a)

Loma jeung cohag

b)

Loma jeung kasar

c)

Loma jeung hormat

d)

Loma wungkul

e)

Lemes wungkul

13.

Anu dimaksud tatakrama dina nyarita téh nya éta …

a)

nyarita ku basa nu merenah bari teu poho kana lentong atawa intonasina

b)

nyarita kasar

c)

ngomong sabulangbentor

d)

nyarita sapopoé anu teu kudu make undak-usuk basa

e)

nyarita hog-hag.

14.

Pun Bapa nuju calik dipalih …

Abdi mah calik palih ...

a)

kenca-tengen

b)

katuhu-kiwa

c)

kiwa-katuhu

d)

tengen-kiwa

e)

kiwa-tengen

15.

Kalimah mana anu dianggap bener dihandap ieu !

a)

Abdi ngabantun buku, Ibu nyandak laptop

b)

Hampura Pa, Abdi teu sakola

c)

Bu, Punten abdi bade nyandak tas kagungan bu Dewi

d)

Abdi moal sakola da tadi tuang nu lada

e)

Tadi mah Ibu teh asup ka kelas

16.

Ari nyarita jeung kolot mah ulah … kitu atuh bisi kawalat!

Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kalimah di luhur nya éta …

a)

Andalemi

b)

Sopan

c)

Marahmay

d)

Kasar

e)

Ramah

17.

Jadi Dubes téh cita – cita ti leuleutik ?

Kecap anu digaris handapan lamun di lemeskeun jadi ...

a)

Jadi jeung kecil

b)

Janten jeung cilik

c)

Janten jeung aalit

d)

Jadi jeung aalit

e)

Janten jeung leutik

18.

A : ......

B : Tos tilu taun, Bapa janten pupuhu sakola ieu mah. Mung sateu acana kantos janten wakil pupuhu sakola.

a)

Ti iraha bapa ngawitan ngawulang di ieu sakola ?

b)

Tos sabaraha lami bapa janten pupuhu sakola ?

c)

Ti iraha bapa ngawitan janten wakil pupuhu sakola ?

d)

Ti iraha bapa ngawitan janten pupuhu sakola ?

19.

Kalimah pananya "Kumaha sumbangan dalang kana atikan ngagunakeun kecap pananya 5W 1+ H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ....

a)

naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha

b)

mana, di mana, kamana, iraha, ku naon, kumaha

c)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

d)

saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha

e)

saha, ku saha, ti saha, ka saha, keur saha

20.

Ieu di handap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara, nya éta ....

a)

mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta

b)

nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

konfirmasi keur babandingan data

d)

ngéra-ngéra jalma nu diwawancara

e)

ngajaring informasi ti narasumber