wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASA SUNDA 7

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.
Baca sempalan paguneman ieu dihandap. Ahmad : “Wan, urang lalajo persib di imah urang yu…! Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen.Urang lalajo bareng.” Ahmad : “Kumaha mun ajak Si Engkus jeung si nanang.” Irwan : Enya atuh, di-sms we Ragam basa naon nu dipake dina paguneman di luhur teh …
a)
Lemes
b)
Loma
c)
Kasar
d)
Hormat
2.
Kecap “halo” teh sok dikedalkeun lamun urang rek ….
a)
Paguneman
b)
Nelepon
c)
Ngawawarkeun
d)
Ngawawarkeun
3.
Istilah paguneman teh asalna tina kecap gunem, nu hartina nyarita …
a)
Silih tempas
b)
Sorangan
c)
Kasar
d)
Lemes
4.
Dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta …
a)
Berbica
b)
Bercakap
c)
Percakapan
d)
Perintah
5.
Kumaha tata krama dina natamu?
a)
Kudu barang bawa atawa mawa oleh-oleh lamun rek natamu
b)
Kudu make pakean anu alus lamun rek natamu
c)
Ngucapkeun salam, punten atawa ngetrok panto 3 kali
d)
Mun rek natamu datangna kudu sore-sore
6.
Omongan dua jalma atawa lewih bari silih tempal nyaéta....
a)
Paguneman
b)
Caritaaan
c)
Ngabandungan
d)
Ngajenan
7.
Dimas : “Sampurasun !” Leo : “.....” Dimas : “Rék kamana euy, meni rurusuhan kitu?” Leo : “Ieu Dim, rék euli uyah di titah ku Ema.” Dimas : “Ari sugan téh rék ka mana.” Leo : “Yu dim ah, Bisi Ema nungguan euy.” Dimas : “....” Paguneman di luhur teh ngagunakeun basa …
a)
Kasar
b)
Hormat
c)
Lemes
d)
Loma
8.
Dimas : “Sampurasun !” Leo : “.....” Dimas : “Rék kamana euy, meni rurusuhan kitu?” Leo : “Ieu Dim, rék euli uyah di titah ku Ema.” Dimas : “Ari sugan téh rék ka mana.” Leo : “Yu dim ah, Bisi Ema nungguan euy.” Dimas : “....” Kecap atawa kalimah anu pantes pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaéta...
a)
Euy, Ka mana
b)
Rampés, Enya atuh
c)
Mangga, Rampés
d)
Rampéa, Ka mana
9.
Kalimah ieu di handap tatakrama basa nu merenah nyaeta …
a)
Abdi mah parantos tuang
b)
Pa Angga wangsul ti payun
c)
Terang henteu kamari aya supa
d)
Pa Usman nembe sumping ti Jakarta
10.
Bapa badé …................ayeuna ? Abdi badé neda ti payun atuh.
a)
Dahar
b)
Tuang
c)
Neda
d)
Emam
11.
“Dupi .................sakola di SMPN 1 Purwakarta?”. Anton nanya ka Pa Mukidi.
a)
Pun uwa
b)
Pun adi
c)
tuang Putra
d)
Pun anak
12.
Lamun urang nelepon, kabeneran anu nampana lain jalma anu rék dituju, urang kudu …
a)
Nanyakeun naha lain jalma anu rék dituju anu nampa teleponna.
b)
Gancang nutupkeun telepon sabab lain jalma éta anu rék diajak nyarita
c)
Nitah éta jalma sangkan ngageroan atawa néangan jalma anu rék diajak nyarita
d)
Ménta idin ka jalma nu nampa telepon yén urang rék nyarita jeung jalma anu rék dituju
13.
Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét kohkol jéjérétéan Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét ... jéjérétéan Lengkepan kakawihan di luhur kayalan merenah!
a)
Kohkol
b)
Jengkol
c)
Pestol
d)
Pesmol
14.
Cacak ngaran kaulinanana nyaéta perepet jengkol tapi sabenerna dina kaulinan kasebut sarua sakali henteu mamawa jéngkol, anu pasti kaulinan ieu geus aya tibaheulana. Malahan cenah dina jaman baheula kaulinan ieu biasana dipaénkeun sabot peuting ... Lengkepan wacana di luhur kalayan merenah!
a)
Caang Listrik
b)
Caang Bulan
c)
Aya nu hajat
d)
Arulin
15.
Kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar disebut …
a)
Boy-boyan
b)
Galah santang
c)
Bébénténgan
d)
Damdaman
16.
Kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé disebut..
a)
Galah santang
b)
cingciripit
c)
Galah asin
d)
Gatrik
17.
Kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak disebut ...
a)
Gatrik
b)
Sondah
c)
Sorodot gaplok
d)
Engkle
18.
Kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan. Disebut...
a)
Ucing 20
b)
Ucing-ucingan
c)
Ucing sumput
d)
Ucing bendera
19.
Kaulinan budak awéwé nyaéta....
a)
Simar, congklak, sondah jeung ngadu kaléci
b)
Simar, congklak, sondah jeung békles
c)
Békles, congklak, sondah jeung sorodot gaplok
d)
Papanggalan, congklak, sondah jeung sorodot gaplok
20.
Béda jeung kaulinan éléktronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku ................. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Lengkepan wacana di luhur kalayan merenah!
a)
Saurang
b)
Leuwih ti saurang
c)
Digital
d)
Manual
21.
Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti .................., sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring ti batan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu mibanda pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. ku sabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak. Lengkepan wacana di luhur kalayan merenah!
a)
Kakawihan
b)
Tetembangan
c)
Kaulinan
d)
Moro sato
22.
Ieu di handap conto kecap anu patali jeung sora sasatoan, nyaéta...
a)
cula, tanduk
b)
Jajangkar, pelung
c)
Ngagaur,kongkorongok
d)
Ngagerem, pamatil
23.
Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar …
a)
Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
b)
Data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
c)
Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
d)
Naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku baturan
24.
Basa poe mingggu ,kuring ulin kakebon binatang,inditna sakulawarga ,da adi-adi kuring oge harayangen milu. barungaheun pisan katenjona adi-adi teh, mamah sasadiaan timbel dipurakna engke lamun geus cape kukurilingan nempoan sasatoan. Daharna cenah sok ngariung handapeun tangkal kai.Kuring atoh we nu aya nya bias ulin,nya bakal dahar rewog.Wah kacipta resepna! Saha nu nyaritakeun pangalaman diluhur…
a)
Mamah
b)
Kuring
c)
Pangarang
d)
Adi-adi
25.
Basa poe mingggu ,kuring ulin kakebon binatang,inditna sakulawarga ,da adi-adi kuring oge harayangen milu. barungaheun pisan katenjona adi-adi teh, mamah sasadiaan timbel dipurakna engke lamun geus cape kukurilingan nempoan sasatoan. Daharna cenah sok ngariung handapeun tangkal kai.Kuring atoh we nu aya nya bias ulin,nya bakal dahar rewog.Wah kacipta resepna! Tempat Kajadian pangalamanana nyaéta di....
a)
Kebon binatang
b)
Sakola
c)
Imah
d)
Kantin
26.
Pupujian mangrupa pangaruh tina sastra...
a)
Cina
b)
Arab
c)
Eropa
d)
Walanda
27.
(teks pupujian) Eling-eling dulur kabeh Ibadah ulah campoleh Beurang peuting ulah weleh Bisina kaburu paeh Isi pupujian diluhur nyaeta
a)
Ajakan nuntut elmu
b)
Ajakan ibadah
c)
Ajakan ngamanfaatkeun waktu
d)
Ajakan sili ngingetkeun kasobaran
28.
(teks pupujian) Anak Adam anjeun di dunya ngumbara Umur anjeun di dunya teh moal lila Isi pupujian di atas adalah
a)
Ngingetkeun pikeun maot
b)
Ngingetkeun solawat ka kanjeng nabi saw
c)
Ngingetkeun ibadah
d)
Ngingetkeun tentang zakat
29.
Assalamu’alaikum Wr. Wb. Dina raraga ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03 RW. 05 Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna dinten Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10.00 enjing dugi ka lekasan. Tempatna di Tajug Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos kasumpinganana. Sakitu wawaran ti sim kuring, hatur nuhun kana sagala perhatosanana! Hatur nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb. Kuningan, 20 Januari 2012 Ketua RT 02 Komplek Kabumen Jejer/Tema dina wawaran diluhur, nyaéta...
a)
Miéling Maulid Nabi Muhammad SAW
b)
Sepitan massal gratis
c)
Kasumpingannana
d)
Acara ketua RT
30.
Assalamu’alaikum Wr. Wb. Dina raraga ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03 RW. 05 Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna dinten Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10.00 enjing dugi ka lekasan. Tempatna di Tajug Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos kasumpinganana. Sakitu wawaran ti sim kuring, hatur nuhun kana sagala perhatosanana! Hatur nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb. Kuningan, 20 Januari 2012 Ketua RT 02 Komplek Kabumen Nu ngadamel wawaran dilur téh nyaéta..
a)
Ketua RT 02
b)
Bapa/ Ibu saderek
c)
Sekertaris
d)
Anu disepitan
31.
Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Kecap tetelepék ngandung harti.....
a)
Tara daek tatanya
b)
Sok tunya-tanya
c)
Bawel/cerewet
d)
Tara campur gaul
32.
“Bu nuju damel naon, tos tabuh 10 wengi teu acan . . . kénéh?”
a)
Saré
b)
Mondok
c)
Kulem
d)
Héés
33.
Ciri kalimah langsung dina basa tulisan nyaéta….
a)
Diucapkeun langsung ku pananyana
b)
Diapit ku tanda kekenténg
c)
Diselapan ku kecap panyambung
d)
Make koma jeung tanda Tanya
34.
Mana kalimah langsung anu bener?
a)
Saha anu teu sakola?
b)
Iraha rék indit ka Jakarta téh?
c)
“Mah aya nu bade diatroskeun?”
d)
Atia nayakeun ka Indungna naon ari tata krama téh?
35.
“Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad. Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina….
a)
Imas nyarita ka Somad yén manéhna moal milu piknik sabab teu boga duit.
b)
Somad, kuring mah mola milu pinik da teu boga duit
c)
Ceuk Imas ka Somad, kuring mah moal milu piknik sabab teu boga duit.
d)
Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas
36.
Istilah blép ayana dina kaulinan…
a)
Ngadu kaléci
b)
Panggal
c)
Péclé
d)
Jajangkungan
37.
Wanci dimana poe geus mimiti poek, deukeut ka waktu magrib disebutna…
a)
Sareureuh budak
b)
Sareupna
c)
Janari leutik
d)
Pecat sawed
38.
Bagian walungan anu jero disebut …
a)
Babantar
b)
Tetelar
c)
Leuwi
d)
Tepis wiring
39.
Sesebutan pikeun anak bangkong nyaeta…
a)
Ciak
b)
Eneng
c)
Buruy
d)
Bilatung
40.
Babasan “buntut kasiran” hartina…
a)
Koret
b)
Daekan
c)
Hese dititah
d)
Babari borok
41.
Nu sok diobor téh bangkong, simeut, jeung belut. Puguh baé aya bédana ngobor sato nu tilu téh. Ngobor bangkong (héjo) mah biasana mun sawah geus réngsé dipacul, atawa paré geus dirambet sakali. Sabab dina kaayaan kitu bangkong sok Taliarna téh. Ari pakakasna cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieunakeun sok aya nu ngobor téh maké patromak. Ngarah leuwih caang ti dituna mah. Ngan waé kudu aya batur keur nu mawana. Wadah nu hadé dipaké ngawadahan bangkong téh kembu. Biasana dijieunna téh tina awi atawa hoé. Sok dipaké ku nu nguseup di laut gé. Dipaké ngawadahan hurang keur eupan. Iraha atuh waktu nu hadé keur ngobor bangkong (héjo) di sawah ?
a)
Mun sawah acan dipacul
b)
Mun sawah arék di panén
c)
Mun sawah arék disangkal
d)
Mun sawah geus réngsé dipacul
42.
Nu sok diobor téh bangkong, simeut, jeung belut. Puguh baé aya bédana ngobor sato nu tilu téh. Ngobor bangkong (héjo) mah biasana mun sawah geus réngsé dipacul, atawa paré geus dirambet sakali. Sabab dina kaayaan kitu bangkong sok Taliarna téh. Ari pakakasna cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieunakeun sok aya nu ngobor téh maké patromak. Ngarah leuwih caang ti dituna mah. Ngan waé kudu aya batur keur nu mawana. Wadah nu hadé dipaké ngawadahan bangkong téh kembu. Biasana dijieunna téh tina awi atawa hoé. Sok dipaké ku nu nguseup di laut gé. Dipaké ngawadahan hurang keur eupan. Kunaon sok aya nu ngobor make patromak ?
a)
Ngarah leuwih caang
b)
Ngirit minyak jeung awi
c)
Ngarah bangkong teu sieuneun
d)
Ngarah loba menang bangkong
43.
Nu sok diobor téh bangkong, simeut, jeung belut. Puguh baé aya bédana ngobor sato nu tilu téh. Ngobor bangkong (héjo) mah biasana mun sawah geus réngsé dipacul, atawa paré geus dirambet sakali. Sabab dina kaayaan kitu bangkong sok Taliarna téh. Ari pakakasna cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieunakeun sok aya nu ngobor téh maké patromak. Ngarah leuwih caang ti dituna mah. Ngan waé kudu aya batur keur nu mawana. Wadah nu hadé dipaké ngawadahan bangkong téh kembu. Biasana dijieunna téh tina awi atawa hoé. Sok dipaké ku nu nguseup di laut gé. Dipaké ngawadahan hurang keur eupan. Naon wadah nu hadé keur ngawadahan bangkong ?
a)
Awi
b)
Hoé
c)
Kembu
d)
Kirinjing
44.
Inget harita téh poé Ahad. Kira wanci haneut moyan, kuring jeung babaturan geus ngariung. Maksudna rék ngaliwet di sisi walungan Cikembang Wanci haneut moyan nuduhkeun waktu kira-kira jam
a)
5-6 isuk-isuk
b)
8-9 isuk-isuk
c)
8-9 peuting
d)
10-11 peuting
45.
Mun rék nyaritakeun pangalaman bisa maké kalimah bubuka ieu di handap …
a)
Mun seueur nu ngaregepkeun, sim kuring bade ngadugikeun
b)
Dina danget leu sim kuring badé wawartos ngeunaan pangalaman nu pikalucueun
c)
Dina danget ieu sim kuring badé ngadugikeun pangalaman hirup anu kantos kaalaman
d)
Dina danget ieu sim kuring badé ngawartakeun pangalaman kalayan sasingget-singgetna
46.
Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes , tapi kudu dumasar...
a)
Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
b)
Data anu nyata , anu fungsi katempo atawa kalaman
c)
Naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
d)
Kayataan dilapangan atawa anu karasa ku urang
47.
"....., barudak teh jarempe" kecap anteuran nu merenah keur kalimah di luhur nyaeta
a)
Am
b)
Jleng
c)
Blug
d)
Jep
48.
Ana . . . téh nyarékan, sorana mani handaruan, atuh sakur nu aya di dinya taya nu ngomong sakemék.
a)
Gantawang
b)
Cacakak
c)
Belengeh
d)
Prut
49.
Ari geus tunduh mah . . . geura saré.
a)
Jung
b)
Jleng
c)
Blak
d)
Dug
50.
Sanggeus sasauran sajongjongan, Bapa Guru . . . nyerat dina bor, sina dicatet ku murid-muridna.
a)
Gutrut
b)
Koléséd
c)
Rap
d)
Gebrus