wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASA SUNDA 8

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.
Tengetan pamadegan ieu dihandap! 1) Bandung Lémbang 2) Mojang Priangan 3) Basisir Pangandaran 4) Isola Bumi Siliwangi 5) Asmarandana Nu mangrupa judul kawih nyaéta..
a)
1, 2, 3
b)
1,2,4
c)
2, 3, 4
d)
3, 4, 5
2.
Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét kohkol jéjérétéan Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét ... jéjérétéan Lengkepan kakawihan di luhur kayalan merenah!
a)
Kohkol
b)
Jengkol
c)
Pestol
d)
Pesmol
3.
Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu, nyaéta...
a)
Pupuh
b)
tembang
c)
Sawér
d)
Kawih
4.
Jumlah engang dina sapadalisan disebut....
a)
Juru lagu
b)
Gurulagu
c)
Juru kawih
d)
Guru wilangan
5.
Ieu di handap conto kecap anu patali jeung sora sasatoan, nyaéta..
a)
cula, tanduk
b)
Jajangkar, pelung
c)
Ngagaur, kongkorongok
d)
Ngagerem, pamatil
6.
Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guru wilungan biasa mibanda wirahma nu teu angger/tangtu, nyaéta...
a)
Pupuh
b)
Tembang
c)
Sawér
d)
Kawih
7.
Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..
a)
Kecap-kecap pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih
b)
Nyanyi lagu-lagu kawih ku cara babarengan
c)
Nyusun rumpaka maké patokan pupuh
d)
Nyanyi lagu-lagu kawih ku saurang
8.
Hadir kana éta acara Kepala Seksi Pendidikan Madrasah Kementrian Agama kab.subang , Drs. Jahrudin minangka ka MABIGUS MAN 1 Subang ; Pedro . K. Wijaya, SE., M.Si-ALT., Ketua Kwarran Subang ; sakumna pembina pramuka pamilon ti SMP/MTs/Sederajat, para ketua Dewan Ambalan SMA/SMK/MA sa Kabupaten Subang ; puluh DKR Subang ; serta Endang Firmansyah, S.Pd., Wakil Kepala Bidang Binamuda Kwartir Cabang Kebupaten Sumedang, nu sakalina jadi pembina apè bubuka gelarna lomba. Èta lomba merebutkeun 40 piala/trophy tetep jeung bergilir. Piala bergilir mah kacida agrèng pisan, jangkungna gè ampir 30 mèter. Nu kabirunyungan nyangking piala bergilir nya èta tim SMPN 4 Subang. Eusi sempalan warta diluhur ngeunaan....
a)
Lomba kebersihan lingkungan
b)
Lomba pramuka
c)
Lmba biantara
d)
Pasanggiri nembang pupuh
9.
Hadir kana éta acara Kepala Seksi Pendidikan Madrasah Kementrian Agama kab.subang , Drs. Jahrudin minangka ka MABIGUS MAN 1 Subang ; Pedro . K. Wijaya, SE., M.Si-ALT., Ketua Kwarran Subang ; sakumna pembina pramuka pamilon ti SMP/MTs/Sederajat, para ketua Dewan Ambalan SMA/SMK/MA sa-Kabupaten Subang ; puluh DKR Subang ; serta Endang Firmansyah, S.Pd., Wakil Kepala Bidang Binamuda Kwartir Cabang Kebupaten Sumedang, nu sakalina jadi pembina apè bubuka gelarna lomba. Èta lomba merebutkeun 40 piala/trophy tetep jeung bergilir. Piala bergilir mah kacida agrèng pisan, jangkungna gè ampir 30 mèter. Nu kabirunyungan nyangking piala bergilir nya èta tim SMPN 4 Subang.Nu kabiruyungan nyangking piala bergilir nyaeta SMPN 4 Subang. Kabirunyunan hartina...
a)
Gedè jamgkung jeung pantes
b)
Kaparigelan
c)
Pareng aya milik
d)
Hal anu ngalantarakeun
10.
Istilah dina basa Indonesia nu mibanda harti sarua jeung kecap wawaran teh nyaeta ….
a)
Berita
b)
Pengumuman
c)
Presenter
d)
Reporter
11.
Pungsi bewara atawa wawaran teh diantarana pikeun …
a)
Nepikeun niat hade kalayan sopan
b)
Nepikeun informasi ka balarea
c)
Nepikeun kahayang ka batur
d)
Mangaruhan babaturan deukeut
12.
Naek turunna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut …
a)
Lentong
b)
Volume
c)
Lafal
d)
Rengkak
13.
Kecap aringkah ngandung harti….
a)
Arindit
b)
Caricing
c)
Tatahar
d)
Bebeja
14.
Sisindiran teh kaasup kana karya sastra Sunda wangun….
a)
Drama
b)
Prosa
c)
Prosa liris
d)
Puisi
15.
Sing getol ngiinum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat Sisindiran di luhur di wangun …. Padalisan.
a)
4
b)
2
c)
8
d)
6
16.
Jajaran kahiji jeung ka dua di sebut ….
a)
Cangkang
b)
Sindir
c)
Eusi
d)
Wangsal
17.
Jajaran katilu jeung ka opat di sebut……
a)
Eusi
b)
Cangkang
c)
Sindir
d)
Wangsal
18.
Sing getol ngiinum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat Upama ditilik tina eusina sisindiran di luhur teh nyaeta
a)
Heureuy
b)
Papatah
c)
Cinta
d)
Gumbira
19.
Cara nepikeun laporan kajadian atawa kagiatan bisa ngaliwatan …
a)
radio, tv, internet
b)
Media social
c)
Obrolan jalma
d)
Kabeh bener
20.
Laporan kajadian teh mangrupa, laporan anu ngaliwatan kajadian …
a)
Keur lumangsung
b)
Geus lumangsung
c)
Teu acan lumangsung
d)
Bade lumangsung
21.
Laporan kajadian atawa kagiatan anu sok aya dina media sosial sok kusaha…
a)
MC
b)
Host
c)
Panata acara
d)
Wartawan
22.
Bedana ngadongéng jeung ngalaporkeun kajadian nyaéta dina …
a)
Eusina
b)
Bubuka
c)
Panutup
d)
Salam bubuka
23.
Sanggeus maca, nempo, ngaregepkeun laporan kajadian sok timbul aya…
a)
Olah raga
b)
Olah rasa
c)
Olah rasa+pikiran
d)
Teu aya rasa
24.
Salian ti faktual laporan kajadian /kagiatan oge kudu…
a)
Subjektif
b)
Saayana
c)
Dijieun-jieun
d)
Diréka-réka
25.
Laporan peristiwa umumna dilaksanakeun ku...
a)
Siswa
b)
Panalungtik
c)
Wartawan
d)
Guru
26.
Pek ilo warta di handap! Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida gedena pikeun diekspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bebas ASEAN taun 2015 engke. Salah sahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut ajenna henteu eleh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah di mana-mana. Eta hal ditetelakeun ku Ketua Bidang Usaha Mikro Kecil dan Menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty Brusel, di Unit Pelaksana Teknis (UPT) Sepatu Cibaduyut, sawatara waktu kaliwat. Upama mangrupa hasil paniten (observasi atawa panalungtikan) 5W+1H nyaeta 1. Naon anu dititenan atawa ditalungtikna teh? 2. Di mana nitenana atawa nalungtikna? 3. Kumaha hasilna? 4. Ku naon sababna make dititenan atawa ditalungtik? 5. Saha anu nitenan atawa nalungtik teh? 6. Iraha paniten atawa panalungtikanana? Susunan 5W+1H anu merenah nyaeta....
a)
5-1-4-2-6-3
b)
5-1-4-6-2-3
c)
5-1-6-4-2-3
d)
5-1-2-4-6-3
27.
Pangusaha borondong aya ratusan. Kalimah di luhur mangrupa kalimah
a)
Kalimah bilangan
b)
Kalimah sipat
c)
Kalimah pagawean
d)
Kalimah barang
28.
Dumasar kana wangunna, sisindiran kabagi jadi tilu golongan, nyaeta…
a)
Paparikan, rarakita, jeung tatarucingan
b)
Tatarucingan, wawangsalan, jeung teteguhan
c)
Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan
d)
Silih asih, piwuruk, jeung sesebred
29.
Dumasar kana eusina sisindiran teh aya nu piwuruk, silih asih jeung….
a)
Sesebred
b)
Paparikan
c)
Rarakitan
d)
Wawangsalan
30.
Mawa peti dina sundung Ditumpangan ku karanjang …………………………… …………………………… Eusi anu merenah pikeun ngalengkepan cangkang sisindiran di luhur ….
a)
Pangarti teu beurat nanggung Tapi mangpaatna manjang
b)
Nu ngarti jalan di Bandung Ciri jalma loba pangarti
c)
Nyaahna indung ka anak mun disakolakeun ka Bandung
d)
Mihormat ka Indung Bapa Tangtu dipiasih Gusti
31.
Kararasan sayang galatik Diwadahan kana kantong Rarasaan jangkung leutik Awak badag siga gentong Sisindiran di luhur teh eusina…
a)
Silih asih
b)
Piwuruk
c)
Sesebred
d)
Pikasebeleun
32.
Mun ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur teh kaasup kana….
a)
Rarakitan
b)
Paparikan
c)
Wawangsalan
d)
Sesebred
33.
Teu beunang di piring leutik Teu beunang di pika isin. Wawangsalan di luhur teh wangsalna…
a)
Tatakan
b)
Pisin
c)
Baki
d)
Talenan
34.
Wawangsalan di handap anu wangsalna reungit nyaeta…
a)
Langir cai leumpang ngijing, Kadeuleu kayap-keyepna
b)
Laleur leutik hama raga, Liarna sakolong langit
c)
Laleur hideung panyeureudan, Kilang bara urang jadi
d)
Manuk lisung anu jalu, Dagoan di pasampangan
35.
Salah sahiji sarat jadi panumbu catur anu kudu kapibanda nyaeta…
a)
Parigel make baju anu laus sangkan dipikaresep pamilon
b)
Capetang nyarita ngagunakeun basa Sunda anu merenah
c)
Bisa nyarekan pamilon sejen anu teu sapaham
d)
Kudu bisa nyatetkeun hal-hal penting dina sawala
36.
Dina sawala aya jalma anu tugasna nyatetkeun atawa ngarekam hal-hal anu disawalakeun….
a)
Girang serat
b)
Panumbu catur
c)
Pamilon
d)
Panyatur
37.
“Tawis kabingah manga urang sami tutup ieu sawala ku ngedalkeun hamdalah!” Ungkara diluhur biasana diucapkeun ku panumbu catur dina…..sawala.
a)
Bubuka
b)
Eusi
c)
Panutup
d)
Kacindekan
38.
Karangan faktual nu kaasup kana kategori tulisan views nu eusina sawangan, ide opini nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian…
a)
Wawacan
b)
Artikel
c)
Bahasan
d)
Karya ilmiah
39.
Anu ngabedakeun artikel jeung pedaran nyaéta…
a)
Panjang pondok karangan
b)
Aya daftar rujukan
c)
Huruf/front digunakeun
d)
Eusi anu di muat
40.
Baca ieu téks artike di handap! Dina raraga miéling poé jadina Kota Tasikmalaya taun 2013 ieu direuah-reuah ku Hélaran Jampana. Ruteuna ti mimiti Bunderan Tugu Adipura, tuluy ngidul sapanjang jalan KHZ Mustofa nepi ka Lapang Dadaha. Helaran Jampana nu dilaksanakeun taun ieu seja mageuhkeun tékad pamaréntah pikeun “Sauyunan Ngarojong Pangwangunan ku Gawé nyata sangkan Rahayat Kerta Raharja”. Sajaba ti midangkeun rupa-rupa kasenian tradisional Sunda, sacara simbolis dina aleutan helaran dipintonkeun ogé hasil-hasil pangwangunan ti unggal dinas. Anu harita milu ngaleut dina helaran téh di antarana waé dinas kacamatan, kesatuan bangsa, komunitas sapédah gowél, unsur BUMN, BUMD, OPD Setda Kota Tasikmalaya. Sajaba ti éta, aya pamilon hélaran ti warga Tionghoa,nu rampak maraké pakéan Sunda, kayaning kabaya, pangsi, jeung iket barangbang semplak. Judul anu cocok pikeun potongan dina éta artikel nyaéta…
a)
Miéling poé jadi Tasikmalaya 2013
b)
Hélaran Jampana Kota Tasikmalaya 2013
c)
Hélaran ti undaran Tugu mepi ka Dadaha
d)
Rupa-rupa kasenian Sunda di Tasikmalaya
41.
Utama jalma kudu réa batur Keur silih tulungan Silih titipkeun nya diri Budi akal lantaran ti pada jalma Guru lagu Jeung guru wilangan Pupuh di luhur nyaéta …
a)
9a,8i,7a,2i
b)
12U,6a,8i,12a
c)
12i,12u,8a,8u
d)
12a,8i,6a,12u
42.
Pupuh kinanti, sinom, asramarandana jeung dangdagula kaasup kana pupuh …
a)
Sekar alit
b)
Rampak sekar
c)
Anggana sekar
d)
Sekar ageung
43.
Nu henteu kasup kana sekar alit nyaéta ….
a)
Sinom
b)
Balakbak
c)
Durma
d)
Ladrang
44.
Naon ari watek pupuh asmarandana…
a)
Rasa gumbira, senang jeung nasehat
b)
Silihasih jeung nasehat
c)
Pikaseurieun jeung pikalucueun
d)
Rasa kaduhung atawa hanjakal
45.
Naon ari watek pupuh sinom
a)
Prihatin, harepan, nganti-nganti
b)
Rasa ambek, paséa jeung perang
c)
Rasa gumbira, senang jeung nasehat
d)
Pikaseurieun jeung pikalucueun
46.
Guru wilangan jeung guru lagu dina pupuh dangdanggula nyaéta…
a)
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
b)
10i, 10a, 8o/e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
c)
8i, 8a, 8é/o, 8a, 7a, 8u, 8a
d)
12u, 6a, 8i/o, 12a
47.
Aya sabaraha jumlah pupuh ?
a)
10
b)
17
c)
5
d)
7
48.
Pupuh kabagi sabaraha ?
a)
2
b)
12
c)
8
d)
17
49.
Pupuh asalna aya 16 di tambihan hiji, tah nu hiji téh nyaéta pupuh …
a)
Ladrang
b)
Jurudemung
c)
Wirangrong
d)
Pucung
50.
Mana nu ka asup kana sekar alit ?
a)
Kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula
b)
Kinanti, balakbak, gurisa, jurudemung
c)
Wirangrong, pangkur, pucung
d)
Gambuh, asmarandana, dangdagula, pucung