WorksheetsPENILAIAN SUMATIF B. SUNDA SEMSTER GANJIL KELAS 7 2023/2024
Total questions: 40
Worksheet time: 3600secs
Name
Class
Date
1.
Kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan, disebut ...
a)
ucing bandera
b)
ucing-ucingan
c)
ucing sumput
d)
ucing Beling
2.
Paguneman teh asal kecapna tina gunem anu hartina?
a)
nyarita lemes
b)
nyarita sorangan
c)
Nyarita silih tempas
d)
nyarita kasar
3.
Naon ari hartina pupujian teh ...
a)
Carita basa sunda
b)
Pupujian anu dilagukeun
c)
Puisi buhun nu eusina nyoko kana ajaran agama
d)
Puisi basa sunda ajaran agama islam
4.
Naon maksudna fungsi ekspresi dina pupujian teh ...
a)
Pikeun ngebrehkeun kereteg ati anu ngarangna
b)
Pikeun mere pangajaran atawa mepelingan ka balarea
c)
Pikeun ngebrehkeun pangalaman
d)
Pikeun sisindiran
5.
Conto paguneman teu resmi nyaéta ...
a)
Sawala
b)
Ngawangkong caritaan sapopoe jeung babaturan
c)
Diskusi ngeunaan bahaya narkoba
d)
Biantara
6.
……….ongkosna naek ojeg ka buniseri
a)
sabaraha
b)
kumaha
c)
saha
d)
naon
7.
Carita rekaan (isi) anu ngandung hal-hal pamohalan disebut oge ...
a)
Legenda
b)
Sajak
c)
Dongeng
d)
Pupujian
8.
Dihandap ieu kaasup conto antonim nyaéta ...
a)
BengharX Sangsara
b)
Wawuh x wanoh
c)
Salam x doa
d)
Gedé x Leutik
9.
Bapa badé ... ayeuna ? Abdi badé neda ti payun atuh.
a)
emam
b)
neda
c)
tuang
d)
dahar
10.
Lamun urang nelepon, kabeneran anu nampana lain jalma anu rék dituju, urang kudu ...
a)
Ménta idin ka jalma nu nampa telepon yén urang rék nyarita jeung jalma anu rék dituju
b)
Nitah éta jalma sangkan ngageroan atawa néangan jalma anu rék diajak nyarita
c)
Nanyakeun naha lain jalma anu rék dituju anu nampa teleponna.
d)
Gancang nutupkeun telepon sabab lain jalma éta anu rék diajak nyarita
11.
Harti anu paling deukeut tina kecap paguneman nyaéta ...
a)
Silih témpas
b)
Silih tampa
c)
Silih asah
d)
Silih asih
12.
Kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak disebut ...
a)
sondlah
b)
sorodot gaplok
c)
engkle
d)
gatrik
13.
Kaasup henteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman téh aya nu…
a)
nyarita dibarung ku pasémon anu marahmay
b)
nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah
c)
nyarita dibarung ku lentong anu merenah
d)
nyarita dibarung ku lajag léjég jeung poporongos
14.
Nabi urang Sadayana Kanjeng nabi anu mulya Muhammad jenengannana Arab Qurés nya bangsana Ibuna Siti Aminah Ramana Sayid Abdullah Dibabarkeunna di Mekah Wengi Sénén tahun gajah. Pupujian diluhur eusina ngagambarkeun:
a)
Puji ka Allah
b)
Solawat Nabi
c)
Pépéling
d)
Kaagamaan
15.
Basa kasar umumna dipaké keur ka ...
a)
Saluhureun
b)
Sahandapeun
c)
Sapantaran
d)
Sato atawa keur ambek
16.
Pupujian téh nyaéta salah sahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun ...
a)
Puisi (ugeran)
b)
Wawacan
c)
Pantun
d)
Guguritan
17.
Wangun jeung eusi pupujian nyoko kana ajaran agama ...
a)
Hindu
b)
Konghucu
c)
Islam
d)
Protestan
18.
Dihandap aya rupa-rupa kaulinan barudak, iwal ti ...
a)
main game
b)
ngadu kaleci
c)
oray-orayan
d)
gatrik
19.
Pupujian téh kauger (dibatasi) kunaon, iwal ...
a)
Purwakanti
b)
Pada
c)
Padalisan
d)
Engang
20.
Ngagalindeungkeun atawa ngalagukeun pupujian téh disebutna ...
a)
Hotaman
b)
Nyanyi
c)
Nyinden
d)
Nadoman
21.
Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut…
a)
panta-pantana basa
b)
undak-usuk basa
c)
kasar-lemesna basa
d)
basa loma jeung hormat
22.
Harti na indung Jeung anak nyaeta ...
a)
anak yang lebih besar
b)
kakak tertua
c)
ibu dan anak
d)
orang tua dan kakak
23.
Kalimah anu eusina nepikeun omongan jalma séjén ka jalma anu diajak nyarita kalawan bébas henteu saujratna, nyaéta kalimah…
a)
kalimah langsung
b)
kalimah campuran
c)
kalimah pananya
d)
kalimah teu langsung
24.
Paguneman dilaksanakeun…
a)
di mana baé
b)
.dina kaayaan dines
c)
di jero kelas
d)
bari dariuk dina korsi
25.
Kecap sugih hartina…
a)
melarat
b)
usum hujan
c)
usum halodo
d)
beunghar
26.
Kecap tuang ngandung Harti……..
a)
Anu anjeun
b)
Adi Kuring
c)
Dahar
d)
Sare
27.
Pun Adi teu tiasa sakola kumargi nuju teu damang Kecap Pun Dina kalimah ngandung Harti ..
a)
Adi anjeun
b)
Adi kuring
c)
Lanceuk maneh
d)
Lanceuk Kuring
28.
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia. “Naroskeun naon?Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya. “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.“Kieu, Mah…, naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapamah tipengker naékna… lungsurna mah tipayun,” pokna. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
a)
Piknik ti Maribaya
b)
Naék mobil jeung turun mobil
c)
Indung jeung anak
d)
Tatakrama naek jeung turun tina mobil
29.
Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh. Ragam basa hormatna…
a)
kamari abdi patepang sareng pun lanceuk.
b)
kamari abdi patepang sareng pun raka.
c)
kamari abdi patepang sareng Raka anjeun
d)
kamari abdi patepang sareng tuang raka.
30.
Anu kaasup paguneman téh nyaéta…
a)
dialog
b)
monolog
c)
épilog
d)
prolog
31.
Paguneman kaasup kana komunikasi……..
a)
Isarat
b)
Lisan
c)
Surat
d)
Tulisan
32.
Kecap embung lamun dirobah kana basa hormat keur sorangan nyaéta…
a)
teu kersa
b)
hoyong
c)
alim
d)
kersa
33.
Jejer dina paguneman téh nyaéta…
a)
diatur ku nu nyarita
b)
bisa naon baé
c)
diatur ku nu diajak nyarita
d)
teu bisa sambarangan
34.
“Hatur nuhun, Neng! Kalimah di samping ka asup Kana kalimah cara....
a)
Memohon ijin
b)
Berterimakasih
c)
Menyapa
d)
Menegur
35.
Ngucapkeun salam di waktu malam………
a)
wilujeng sonten
b)
wilujeng sumping
c)
wilujeng enjing
d)
wilujeng wengi
36.
Nu kaasup kaulinan budak lalaki nyaeta ...
a)
Langlayangan ,ngadu kaleci
b)
Hahayaman , sosorodotan
c)
Oray - orayan , ngadu kaleci
d)
Gatrik , sondah
37.
Paguneman téh dilakukeun ku…
a)
sorangan bari sorana bedas
b)
duaan tapi nu ngomongna saurang
c)
duaan atawa leuwih bari silih témpas
d)
sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur
38.
Kuring kakara balik ti sakola. Dirobah jadi ragam basa hormat…
a)
abdi nembé mulih ti sakola.
b)
abdi nembé wangsul ti sakola.
c)
abdi nembé mulang ti sakola.
d)
abdi kakara mulih ti sakola.
39.
Jalma anu tara daék barang béré kabatur disebut…
a)
buntut kasiran
b)
élmu sapi
c)
gurat cai
d)
heuras létah
40.
Tatakrama basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku…
a)
ragam basa loma jeung basa hormat
b)
ragam basa cohag jeung basa hormat
c)
ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur
d)
ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur
100 %
