WorksheetsSOAL PAT SUNDA KELAS 8
Total questions: 45
Worksheet time: 1hrs 15mins
Sisindiran teh asal kecapna tina kecap...
caritaan
sindir
pantun
tempas
Nilik wangunna, sisindiran teh kauger (dibatasi) ku .... (pilih langkung ti hiji)
Purwakanti (sasaruaan kecap atau engang)
tempas sindir
jumlah engang (suku kata) dina unggal jajar (padalisan)
Jumlah padalisan dina unggal pada
panungtung dina unggal padalisan teh teu sarua
Mun ditilik tina wangun jeung eusina, sisindiran teh bisa dipasing-pasing jadi sabaraha golongan?
HIji
Dua
Tilu
Opat
Ka mana jalan ka Yogya
Ka ditu ka Pangrumasan
Ka mana jalan ka Surga
Ka ditu ka pangaosan
kecap mimiti anu kahiji dina padalisan sarua jeung kecap mimiti anu ka tilu, kitu deui kecap mimiti padalisan anu kadua sarua jeung padalisan anu ka opat. Eta teh ciri-ciri tina sisindiran....
Wawangsalan
Paparikan
Rarakitan
sesebred
...................................
Sono sok loba jajanan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
Padalisan anu kahiji anu merenahna nyaeta...
Sapanjang jalan Soreang
Caangna ka mana-mana
Sono ih ka kota kembang
Akang tatan ngala kembang
sisindiran ........... mah kecap panungtung dina unggal padalisanana teh teu sarua, tapi ukur mirip atawa padeukeut sorana wungkul.
rarakitan
paparikan
piwuruk
asih
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Cangkang tina eusi sisindiran di luhur nyaeta...
Saninten buah saninten, dibantun ka parapatan
kawunganten kawunganten, ayana di majenang
Panginten buah ramanten, horeng buah durian
Meuli ali inten, hargana mahal pisan
cangkang sisindiran :
Kanikir buah kanikir,
cangkudu beunang panimu.
Eusi tina eta cangkang sisindiran teh, nyaeta...
bakal kaduhur di ahir, mun hirup teu boga elmu
kapikir beuki kapikir, hirup kudu loba elmu
kapikir beuki kapikir, kudu getol nginum jajamu
lamun keur diajar, kudu ningkatkeun elmu panemu
Suku jangkung beuheung panjang
kuring sumpah arek nyaah
wangsalna nyaeta...
Jarapah
sireum
Ucing
Maung
Panata acara sok disebut ogé…
Protokol
Pangjejer
narasumber
panumbu catur
Pancén panata acara téh di antarana…
Méré pangbagéa kana lumangsungna acara
Muka jeung nutup acara
Nangtukeun nu ngeusi acara
Ngawakilan panata calagara
Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta…
Ngucapkeun panuhun ka panata calagara
Ngucapkeun pangwilujeng ka nu hadir
Ngucapkeun salam bubuka
Ngucapkeun salam panutup
Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta…
Anu ngahadirkeun éta acara
Réngréngan panata calagara
Runtuyan kagiatan panata calagara
Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan
Iber atawa beja ngeunaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut ... .
wawaran
wawartos
majalah
warta
struktur warta teh dibagi tilu bagian ...
tema, headline, lead
judul, tema jeung bubuka
judul, lead, jeung warta tubuh
bubuka, isi, panutup jeung riset dokumentasi
Biasana warta teh sok dimuat dina media cetak atawa diumumkeun dina ...
radio, TV
meja
baju
kelas
jalma nu nyieun warta, sok disebutna
wartawan
artis
guru
ibu
lamun nulis warta kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna anu disebut ...
4W+1H
3W+2H
5W+1H
6H+1H
warta sok disebutna
majalah
kartu
radio
berita
naon nu disebut headline dina warta
judul warta
eusi warta
bubuka warta
paragraf bubuka
jalma anu diwawacara ku urang pikeun kapentingan warta disebutna ...
sumber warta
nulis warta
wartawan
jurnalistik
nyieun lead ulah panjang teuing, paling rea aya ...
30 kecap
20 kecap
40 kcap
50 kecap
karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...
pedaran
éséy
artikel
skripsi
anu ngabédakeun pedaran jeung artikel téh diantarana waé nyaéta...
wangun huruf atawa font nu digunakeun
eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah
alus gorengna basa nu digunakeun
panjang pondokna karangan
ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta...
mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel
baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat
catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel
dicatet sakabéh eusina kana buku catetan
ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...
alinéa panandes
judul
alinéa panambah
alinéa pamungkas
ieu di handap mangrupa wanda artikel, iwal...
déskriptif
prédiktif
éksplanatif
naratif
Salasahiji téhnik nulis karangan pedaran ku cara méré gambaran prosés nyieunna éta barang, disebut téhnik...
idéntifikasi
klasifikasi
ilustrasi
prosés
Tulisan anu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy tur di sebut...
Eksposisi
Narasi
Dekskripsi
Isendifikasi
jalma nu nyieun warta, sok disebutna
wartawan
artis
guru
ibu
Naon anu dimaksud carpon teh?
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang
Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...
dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal
carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna
carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern
dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok
Carpon mangrupa karya sastra dina wangun...
A. Ugeran
B. Puisi
C. Lancaran
D. Sindiran
Sasaruan carpon jeung dongeng nyaeta sarua-sarua...
A. mangrupa carita realistis
B. mangrupa carita rekaan atawa khayal
C. mangrupa carita pamohalan
D. mangrupa carita kanyataan
Nu tea kaasup ciri carpon nyaeta….
A. Kecapna antara 5000-10.000 kecap
B. Rengse dibaca kira-kira saparapat jam
C. Dititik 2 spasi, 4-8 lambar ukuran kertas A4
D. Caritana tea logis, ngandung unsur pamohalan
Di handap ieu, mana nu kaasup buku kumpulan carpon karya Yus Rusyana….
Jajatén Ninggang Papastén
Dogdog Pangréwong
Nu Harayang Dihargaan
Diwadalkeun ku Siluman
ieu di handap ciri-ciri carita pondok, iwal...
jumlah kecapna tara leuwih ti 10.000 kecap
upama diukur ku waktu macana, antara 10 nepi 20 menit
kajadian nu dicaritakeun biasana ngan ukur hiji kajadian
permasalahan nu dipedar kompleks
Galur carita anu rangkaian kajadian susunanna teu luyu jeung urutan waktu kajadian atawa carita nu gerakna (flashback), disebut oge...
Galur Maju
Galur Mundur
Galur Campuran
Galur Biasa
Naon pangna/sababna tokoh kuring nepi ka ngarasa kesel ka sobat di medsosna...
Ngarasa dibobodo ku sobat medsosna
sobatna jalir jangji/ ingkar janji
dipikaresep ku sobat medososna
sobat medsosna nurustunjung (tak tahu diri)
harti kecap "dipereketkeun dina peureum" dina carpon "pileuleuyan facebook" nyaeta...
ngarasa dinyenyeri
teu bisa nenjo
Dipaksa sare
indit pikeun sare
Naon anu dimaksud warta teh, pek jelaskeun sing jentre!
Tuliskeun unsur-unsur anu aya dina warta!
Pek teruskeun sisindiran ieu di handap neupi ka manggih eusina.
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun elmu
.....................................................
....................................................
Naon anu di sebut artikeul teh?
Naon anu di sebut budaya sunda teh ?
