WorksheetsPSAT BAHASA SUNDA KELAS X 2023-2024
Total questions: 45
Worksheet time: 11hrs 15mins
Hiji bukti anu eusina mangrupa sagala rupa atawa sagala hal nu aya patalina jeung hiji kagiatan anu geus réngsé dilaksanakeun disebut .....
Wawancara
Carita pangalaman
Laporan kagiatan
Biantara
Warta
Kaasup kana hiji tulisan dina ragam tulisan resmi, laporan kagiatan ngabogaan struktur anu maneuh ( pasti ) nya éta .....
Waktu - tempat - pamilon
Bubuka – waragad - eusi
Waktu – waragad – panutup
Tempat – waragad - pedaran
Bubuka – eusi - panutup
Struktur tina laporan kagiatan anu eusina mangrupa panganteur pikeun mawa anu maca kana pasualan naon anu rék dilaporkeun, nerangkeun naon-naon wae anu jadi kasang tukang diayakeunana hiji kagiatan, sarta rasa sukur yén hiji kagiatan réngsé dilaksanakeun nya éta .....
bubuka
eusi
panutup
kacindekan
waragad
Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan. Ungkara ieu biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa .....
Pamungkas
eusi
panutup
bubuka
kacindekan
Sawatara hal anu diwincik dina bagéan eusi tina laporan kagiatan diantarana nya éta .....
Kasang tukang, jeung tujuan
Waktu, pamilon, jeung waragad
Kacindekan, saran jeung kritik
Manfaat, tujuan, jeung kasang tukang
Kacindekan jeung pamilon
Nyéwa alat sound system 1 sét Rp 500.000, dokuméntasi 1 pakét Rp 300.000, hadiah 1 pakét Rp 1.000.000, konsumsi 1 paket Rp 500.000, dékorasi 3 pakét Rp 600.000. Total Rp 2.900.000. Aya sésa saldo gedéna Rp 100.000 disimpen kana kas OSIS. Pedaran ieu biasa diwincik dina laporan kagiatan anu disebut .....
Waragad ( Biaya )
Kacindekan
Kasang tukang
Pamilon
Tujuan
Tarjamahan tina kalimah “ saya bangga menjadi orang sunda “ , anu merenah nyaeta .....
Kuring ngarasa bangga jadi orang sunda
Kuring ngarasa reueus jadi orang sunda
Kuring ngarasa sugema jadi orang sunda
Kuring ngarasa agul jadi orang sunda
Kuring ngarasa ngeunah jadi orang sunda
Kecap-Kecap bahasa sunda anu hese ditarjamahkeun jana bahasa indonesia , nyaeta kecap .....
pangantet
parentah
panyambung
sulur
panyambung
Anu teu kaasup kana kecap kecap basa sunda serepan tina basa arab , nyaeta .....
abdi
iman
ahlak
agama
takwa
carita anu wanguna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur unsur pamohalan disebutna .....
carpon
dongeng
sketsa
biografi
fiksimini
Sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda bisa disebut mangrupa .....
Musikalisasi puisi
Opera
Sajak
Kawih
pupuh
Ditilik tina strukturna, kawih kaasup kana jenis karangan dina wangun .....
Drama
Sajak
Dongéng
Non fiksi
Carita
aya carita nyi roro kidul sumebar dimasarakat, carita saperti kitu kaasup kana dongeng .....
parabel
legenda
sage
mite
babad
soal 14-18
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak kuangin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. “Ha ha ha, kabeberan, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina bisana ogé kétang, kateuteu ari, da nagger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger- neger manéh. “Naon deui? Anu jelas sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.
Palaku utama dina sempalan dongéng di luhur nyaéta…..................
Kuya
Maung
Kuya jeung Maung
Kuya jeung Peucang
Peucang
Kumaha sikep kuya sabada digarewahkeun ku Sakadang Maung ?
béréhan
reuwas
éléhan
bungah
pinter
Kumaha sipat Maung nukagambar dina éta dongéng ?
bageur
bengis
éléhan
sopan
hade lampah
judul dongeng anu luyu jeung sempalan dongeng dilhur nyaeta ................
kuya jeung ajag
maung dahar kuya
kuya reuwas
peucang jeung kuya
kuya jeung maung
dongeng diluhur lka asup kana dongeng..........
fabel
parabel
sasakala
sage
mite
Saba Budaya Ka Kampung Naga nomer (19-23)
Kampung Naga téh pernahna aya di jajalaneun antara Garut-Tasikmalaya, nyaéta di wilayah administratif Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak ti puseur dayeuh Bandung ka Kampung Naga téh kurang leuwih 90 km, lamun dijugjug maké kendaraan kira- kira 2-3 jam.
Kampung nu aya di hiji léngkob nu subur téh diwatesan ku leuweung larangan. Anu ceuk urang Kampung Naga mah éta leuweung nu aya di beulah kuloneun Kampung Naga téh dianggap karamat teu meunang sagawayah disaba, lantaran di jero éta leuweung aya makam karuhun masarakat Kampung Naga. Ari di beulah wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan nu huluwotanana ti Gunung Cikuray Garut.
Kampung Naga kaasup hiji pakampungan nu masarakatna masih nyekel deleg tali paranti titingal karuhunna. Kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Naga téh éstu basajan pisan béda jeung pakampungan- pakampungan tatar Sunda séjénna.
Kampung Naga téh aya di......................
bandung
tasikmalaya
ciamis
garut
sukabumi
Aya dibeulah mana leuwueng larangan téh?
kuloneung Kampung Naga
wetaneung Kampung Naga
kiduleun Kampung Naga
kalereung kampung Naga
hareupeun Kampung Naga
Gunung Cikuray aya di....
Bandung
Tasikmalaya
Garut
Ciamis
Sukabumi
Kecap “disaba” asalna tina kecap “saba” anu hartina....
kaluar ti imah nuju ka tempat anu jauh
lumpat ti imah nuju ka tempat anu jauh
asup ka ka imah anu jauh.
meuntas ka hiji tempat
balik ka imah
Dina wacana di luhur aya kecap “léngkob” anu hartina....
luhur
lebak
pasir
gunung
hilir
kalimah anu dipake pikeun maksa batur sangkan migawe hiji pagawean disebut .....
Panitah
pangajak
pangahrepan
Panyarek
Pangwawadi
Kecap rajekan anu diwangun kucara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna teu robah disebut.....
Dwimurni
Dwireka
Trilingga
Dwipurwa
Dwimadya
Dina dongeng sangkuriang aya unsur pamohalan diantarana wae nyaeta ...
raja kahampangan dina balongkeng
dayang sumbi boga anak sangkuriang
sangkuriang nyieun parahu
dayang sumbi kawin jeung si tumang
sangkuriang saenyana anak raja
Ieu di handap ditatan conto-conto kecap rajékan dwiréka, iwal.....
bulak-balik
gulang-guling
tulas-tulis
guru-guru
Tujang-tajong
Mana kalimah ieu di handap nu ngagunakeun kecap rajékan dwipurwa....
Manéhna keur mérésan buku-buku diperpustakaan
Ulah sok ngagakgak ari seuri téh
Sababaraha waktu kaliwat manéhna ulin ka Garut
Ulah tatajong di dinya bisi kacugak
Ulah sok tunggal-teunggeul ka batur bisi cilaka
“Sababaraha waktu kaliwat manéhna ulin ka Garut”
Kalimah di luhur ngagunakeun kecap rajékan....
dwipurwa
dwimurni
dwimadya
dwiréka
trilingga
Conto kecap rajékan dwimadya di handap ieu nu bener nyaéta....
sapopoé
tatajong
culang-cileung
Kukudaan
guru-guru
“Kuring jeung manéhna sok..... unggal poé minggu”
Kecap rajékan dwipurwa nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
Tunggal-tenggeul
Papanggih
paciwit-ciwit
silihbere
udag-udagan
Wacana ( soal nomer 32- 34 )
Didi Kartasasmita dibabarkeun di Tasikmalaya, 20 Novémber 1911. Pupusna di Jakarta, 8 Oktober 1996.
Sasarengan sareng Urip Sumoharjo, Didi janten peletak dasar organisasi militér Républik Indonésia.
Ti yuswa 8 taun tebih sareng sepuhna margi sakola di ELS (Europeeshe Lagere School), PHS (Prins Hendrik School), HBS (Hoogere Burger School) jeung KMA (Koninklijke Militaire Academie) di Bréda Walanda. Sadayana mangrupi sakola-sakola pikeun urang Eropah. Saréngséna sakola di Walanda, dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta di tempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.
Didi Kartasasmita dibabarkeun di……
Tasikmalaya, 20 November 1911
Tasikmalaya, 2 November 1911
Tasikmalaya, 22 November 1911
Bandung, 20 November 1911
Bandung, 2 November 1911
Didi Kartasasmita sakola na di……
Inggris
Walanda
Jepang
Jerman
Portugis
Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda. Kecap nyekel deleg hartina…….
nyekel pageh, kukuh
nyekel tradisi
nyekel budaya
nyekel kabiasaan
nyekel adat
Hp Android hargana leuwih mahal batan HP GSM , eta kalimat kaasup kana kecap sifat ……
komparatif
superlatif
ekuatif
parentah
ajakan
Dongéng Situ Bagendit ka asup kana jenis dongéng…
Mité
Fabél
Parabél
Sasakala
Pamohalan
Ieu dihandap anu teu ka asup kana kecap sipat tina rumpaka kawih “ papatong “ nyaeta ….
Kajongjonan
Reureuh
Koneng
Luhur
Ngageter
Dina pangajaran basa Sunda aya matéri ngeunaan nerjemahkeun, nu dimaksud nerjemahkeun nya éta?
Proses nganalisis ngeunaan hiji karya tulis
Proses ngalih basakeun/ ngarobah basa tina hiji basa kana basa séjén
Proses ngahartikeun hiji kecap kalayan makna na
Proses maca kalayan maham kana maknana
Proses ngahartikeun hiji basa kalayan maknana
Perhatikeun ieu sempalan paragraf!
... Naon atuh bédana Harley jeung Honda Tiger atawa motor nu sakelas jeung Harley? Éta meureun sugan pédah tarikna mapakan jamparing?
Kalimah “tarikna mapakan jamparing” ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi…
Kecepatannya seperti panah
Kecepatannya seperti panah
Kecepatannya melebihi panah
Tarikannya seperti panah
Tarikannya melebihi panah
Dongéng sangkuriang kaasup kana carita legenda. Ieu hal téh lantaran ayana gunung nu dianggap parahu nu ditajong ku Sangkuriang. Éta gunung téh katelahna…
Gunung Papandayan
Gunung Guntur
Gunung Putri
. Gunung Tangkuban Parahu
Gunung wayang
Pamajikan bapa anu lain ngalahirkeun urang nyaeta....
Dulur pateterean
Baeaya laer
bapak tere
anak tere
indung tere
Kolotna nini atawa aki urang disebutna ….
bao
uyut
janggawareng
udeg udeg
kwit siwur
Kecap rajekan dwireka anu dibarengan ku rarangken , nyaeta ….
Bubuahan
Dialung- alungkeun
Dibulak- balik
Plak-plik-pluk
Kadupak- dupak
Ieu di handap ditatan conto-conto kecap rajékan dwiréka, iwal.....
bulak-balik
gulang-guling
tulas-tulis
guru-guru
Tujang-tajong
Carita anu wanguna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur unsur pamohalan disebutna ..
Carpon
Dongeng
Sketsa
Biografi
Fiksimini
