NEW
Font size
WorksheetsUAS Bahasa Sunda Kelas 7
Total questions: 30
Worksheet time: 3600secs
Istilah "paguneman" téh asalna tina kecap gunem, nu hartinaa nyaéta…
Sorangan
Kasar
Silih témpas
Lemes
Paguneman téh dilakukeun ku ....
Sorangan bari sorana bedas
Duaan tapi nu ngomongna saurang
Duaan atawa leuwih bari silih témpas
Sorangan bari sorana laon
Anu kaasup paguneman téh nyaéta .....
Dialog
Monolog
Épilog
Prolog
Tatakrama basa Sunda sacara gurat badagna diwangun ku .....
Ragam basa loma jeung basa nyantai
Ragam basa kasar jeung basa hormat
Ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur
Ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur
Ahmad: “Wan, urang lalajo méngbal di
imah urang, yu!”
Irwan : “ Hayu , ajak atuh nu séjén.
Urang lalajo bareng.”
Ragam basa nu dipaké dina paguneman di luhur, nyaéta basa …
Wajar
Hormat
Kasar
Loma
Kalimah anu ngandung tatakrama basa nu merenah, nyaéta…
Abdi mah parantos tuang
Pak Angga wangsul ti payun
Terang henteu kamari aya tabrakan?
Pak Usman nembe sumping ti Jakarta.
Ieu di handap ditataan tatakrama nélépon, iwal …
Cekel tuluy angkat gagang télépon
Mencét nomer tujuan, usahaeun ulah salah mencét
Kedalekeun kecap "halo!", salam, atawa ucapan pangwillujeng
Usahakeunn sing loba ngarénghap Salila nyarita
Perkara nu sok dipaké ulin ku barudak, utamana barudak lembur disebut…
Mamaénan
Kaulinan barudak
Bobodoan
Ngabodor
Ieu di handap nu sok ngalaksanakeun kaulinan langlayangan, iwal…
Barudak
Rumaja
Kolot
Budak awéwé
Disebut "langlayangan" lantaran barangna di awang-awang…
Ngambang
Ngapung
Ngalayang
Ngoléab
Lamun langlayangan nyéréng ka beulah kénca, biasana sisi beulah katuhu sok make…
Bubuntut
Sisinting
Awi
Tali rimba
Moro langlayangan anu pegat lantaran éléh diadu disebut…
Ngabandang
Ngarucu
Ngabandring
Ngajemprung
Kaulinan anu prak-prakanana niru-niru sasatoan, nyaéta…
Galah
Oray-orayan
Pérépét jengkol
Ucing sumput
Di handap ieu anu kaasup kaulinan barudak awéwé nyaéta…
Ngadu kaléci
Ngadu muncang
Perang kukudaan
Sapintrong
Oray-orayan
Luar-léor mapay sawah
Tong ka sawah
Paréna keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi
Tong ka leuwi
…………
Terusan lirik kakawihan diluhur anu bener nyaéta…
di leuwi loba nu mancing
oray na bisi mati
di leuwi loba nu mandi
urangna bisi palid
Anu kaasup kaulinan barudak jenis olahraga nyaéta…
Paciwit-ciwit lutung
Slépdur
Ucang-ucang anggé
Ucing sumput
Anu kaasup kaulinan make alat, iwal…
Congklak
Pepeletokan
Gatrik
Hahayaman
Pupujian téh salahsahiji karya sastra Sunda dina wangun puisi….
Ugeran
drama
Lancaran
prosa
Ngalagukeun pupujian disebut...
Hotaman
Nyanyi
Nyinden
Nadoman
Wangun jeung eusi pupujian tujuana kana ajaran...
Hindu
Konghuncu
Islam
Kristen
Upama nilik wangunna, pupujian téh kauger ku purwakanti, jumlah engang, jeung jumlah…
Pada
padalisan
Jejer
lagu
Biasana pupujian téh sok digalindengkeun di…
Sakola atawa kantin
Pasar atawa toko
Masjid atawa madrasah
Imah atawa saung
Saha nabi anu Mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés téh…
Nabi Muhammad SAW
Nabi Adam AS
Nabi Isa AS
Nabi Sulaéman AS
Kecap dibabarkeun dina rumpaka pupujian Riwayat Kanjeng Nabi mibanda harti…
Dilahirkeun
dijenengkeun
Diutus
dilantik
Karangan anu eusina ngébréhkeun kajadian anu bener-bener kaalaman disebut karangan…
Pedaran
ilmiah
Sastra
pangalaman
Anu teu kaasup struktur karangan pangalaman nyaéta...
Pangbagéa
Bubuka
Eusi
Panutup
Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyaritakeun pangalaman téh nyaéta..
Nutup caritaan sakahayang urang
Muka caritaan bisa nitah ka babaturan
Ngagunakeun kalimah anu jelas tur sopan
Ngagunakeun basa Sunda anu cohag
Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar…
Data ti babaturan tawa kolot anu loba pangalaman
Data anu nyaata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
Naon waé anu dpikaresep ku urang atawa ku batur
Kanyataan di lapangan atawa anu kaarasa ku urang
Pangalaman anu nyaritakeun sorangan disebut..
Pangalaman batur
Pangalaman pribadi
Pangalaman asli
Pangalaman hayalan
Tangtos sonona téh da langka atuh tepang sareng aki téh.
Kecap tepang mangrupa bbasa lemes tina kecap...
Panggih
Saré
Dahar
Ulin
