Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

latihan soal Asas kelas 9

Total questions: 40

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebutna...

a)

Biantara

b)

hutbah

c)

ceramah

d)

ngawulang

2.

Jalma anu ahli dina biantara disebutna...

a)

koruptor

b)

orator

c)

narator

d)

moderator

3.

Ieu di handap mangrupa bagian bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun...

a)

hatur nuhun

b)

pangbagea

c)

muji sukur ka Gusti Allah SWT

d)

nyuhunkeun dihapunten

4.

"Hadirin anu sami linggih" Eta kalimah lamun aya di tengah-tengah biantara, disebutna...

a)

pangbagéa

b)

pangbagéa randegan

c)

eusi

d)

panutup

5.

Dinten ieu téh dinten anu pikabungaheun ogé pikasediheun kanggo sim kuring sadaya mah. Bingah ku margi simkuring sadaya parantos lulus ti ieu sakola saparantos tilu taun paéh poso diajar. Ari sedihna, nya tangtos baé ku sadaya ogé kamaphum, kedah papisah sareng Bapa/Ibu Guru ogé adi kelas tujuh sareng kelas dalapan anu ku simkuring sadaya dipikacinta.

Biantara di luhur biasana didugikeun dina kagiatan….

a)

Paturay tineung SD

b)

Paturay tineung SMP

c)

Paturay tineung SMA

d)

Paturay tineung TK

6.

Ieu kagiatan téh mangrupi kasempatan pikeun urang sadaya némbongkeun kreativitas hasil diajar salami ieu. Anu resep kana kasenian, aya lomba tari, ngawih marawis sareng ngadongéng. Anu resep olah raga aya putsal, voli, catur, bulu tangkis sareng tenis méja.

Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagéan…

a)

bubuka

  

b)

  eusi

c)

panutup

d)

pangbagéa

7.

Ieu kagiatan téh mangrupi kasempatan pikeun urang sadaya némbongkeun kreativitas hasil diajar salami ieu. Anu resep kana kasenian, aya lomba tari, ngawih marawis sareng ngadongéng. Anu resep olah raga aya putsal, voli, catur, bulu tangkis sareng tenis méja.

Sempalan biantara di luhur mangrupa biantara anu dibacakeun dina kagiatan…

a)

Bulan Bahasa

 

b)

Paturay tineung

c)

Class Meeting

d)

Maulid Nabi

8.

"Langkung tipayun simkuring seja ngahaturkeun hatur nuhun kana waktos anu parantos disayogikeun..."

sempalan di luhur kaasup kana bagean...

a)

bubuka biantara

b)

eusi biantara

c)

panutup biantara

d)

pangbagéa

9.

Tema biantara nu cocog ditepikeun di lingkungan sakola, iwal….

a)

cara gampang diajar basa Sunda

b)

tatakrama pergaulan

c)

rumaja jeung narkoba

d)

keluarga berencana

10.

Salah sahiji orator kasohor di Indonesia, iwal

a)

Joko Widodo

b)

Otto Iskandar Dinata

c)

Soekarno

d)

Si Emed

11.

Hiji mangsa pupuhu sakola miwarang ka Pembina OSIS kanggo ngawakilan biantara di hiji kagiatan sakola, lantaran pupuhu sakola aya uleman rapat di Kemenag.

Biantara anu dilakonan ku Pembina OSIS kaasup kana biantara….

a)

manuskrip 

b)

ekstemporan

c)

impromptu

d)

memoriter

12.

Biantara pupuhu sakola dina upacara 17 Agustus nu ngabacakeun amanat Bapa Presiden kaasup kana biantara….

a)

manuskrip

b)

memoriter

c)

ekstemporan

d)

impromptu

13.

Salah sahiji orator anu kawitna ti tatar Sunda nyaéta…

a)

Ir. Soekarno

b)

R.A. Kartini

c)

Jokowi

d)

Otto Iskandar Dinata

14.

Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa nataan hiji hal nepi ka bubuk leutikna sangkan nu maca meunang gambaran anu lengkep ngeunaan kaayaan éta hal disebut karangan.....

a)

éksposisi

b)

argumentasi

c)

deskripsi

d)

narasi

15.

Di handap ieu kaasup unsur-unsur budaya, iwal...

a)

basa

b)

upacara ritual

c)

alat-alat nu dipake dina kahirupan

d)

kaulinan barudak

16.

Lembur anu dina kahirupan sapopoéna masih mageuhan adat istiadat anu mangrupa turunan ti para karuhunna disebut (a)   adat

17.

Wangunan anu fungsina pikeun nunda pare nyaéta….

(a)  

18.

“Leres sareng Pak Aléx Mario?” taros Séndi, “Muhun leres, kumaha kitu Jang?” “Ieu abdi tadi mendakan dompét Bapa di angkot” saur Séndi bari masrahkeun dompétna. “Oh muhun hatur nuhun nya Jang, titadi abdi milarian manawi téh kakantun di rorompok, rupina ragrag dina angkot nya, sakali deu hatur nuhun nya” saur Pa Aléx bari mukaan dompétna ningalian eusina bari ngaluarkeun dua lambar artos nu beureum sareng salambar artos nu biru. “ieu kanggo Ujang, itung-itung pamulang tarima” saur Pa Aléx “Ih teu kedah Pa, Abdi ihlas” “Sstt… teu kenging nolak rejeki, atos candak waé hatur nuhun nya” Ceuk Pa Aléx deui bari masrahkeun artosna kana keupeulan panangan Séndi.

Dumasar sempalan carita di luhur, sabaraha artos nu dipasihan Pa Aléx Mario ka Séndi?

a)

Rp. 200.000,-

b)

Rp. 250.000,-

c)

Rp. 300.000,-

d)

Rp. 350.000,-

19.

“ieu kanggo Ujang, itung-itung pamulang tarima” saur Pa Aléx “Ih teu kedah Pa, Abdi ihlas” “Sstt… teu kenging nolak rejeki, atos candak waé hatur nuhun nya” Ceuk Pa Aléx deui bari masrahkeun artosna kana keupeulan panangan Séndi.

Amanat tina sempalan carita di luhur nyaéta…

a)

Mun nulungan batur kudu ihlas

b)

Pami dipasihan artos kedah ditolak

c)

Pami jalmina alim ulah dipaksa

d)

Kenging nolak rejeki

20.

Tapi lolobana mah masih kénéh wangunan tradisional. Imah panggung aya kolongan, sisina ku bilik jeung hateupna hateup daun eurih. Tapi kétah loba ogé anu hateupna maké daun kiray. Ari lanténa, maké awi anu dibeulahan, tuluy dijajarkeun rékép pisan. Jandélana maké jalosi, atawa sarigsig anu dijieunna tina awi atawa kai. Hareupeun panto aya golodog, paranti unggah ka imah.

Méméh asup ka imah panggung, kudu nécé heula…

a)

golodog

b)

tarajé

c)

jojongkok

d)

jojodog

21.

gambar di handap ieu mangrupa imah anu maké suhunan...

(a)  

22.

gambar di handap ieu mangrupa imah nu maké suhunan...

a)

parahu kumereb

b)

jolopong

c)

julang ngapak

d)

badak heuay

23.

“Kahéman ti nu jadi pamatri ati, kanyahna ngagulidag kawas cai nu canémbrang hérang, kageugeut nu jadi tamba keur nu hanaang, ngajirim diri jalma sajati ku bumélana Rosululloh SAW”.

Sempalan biantara di luhur mangrupa bagéan …….. dina biantara.

a)

Salam bubuka

b)

   Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

24.

Kampung adat anu masarakat adatna sok nganggo pakéan warna hideung atawa bodas, teras ngnggo iket atawa sinjang motif khas warna biru anu aya di wewengkon banten nyaéta kampung adat….

a)

naga

b)

baduy

c)

ciptagelar

d)

urug

25.

Salah sahiji hal nu bisa ngabalukarkeun hiji jalma dikaluarkeun ti ampung adat nyaeta….

a)

Ngumbara ka luar kampung adat

b)

Ngalawan ka ketua adat

c)

Teu sakola

d)

Nikah jeung masarakat luar kampung adat

26.

Éling – éling dulur kabéh

Ibadah ulah campoléh

Beurang peuting ulah weléh

Bisina kaburu paéh

Harti tina kecap campoléh, dumasar pupujian di luhur nyaéta…

a)

Getol

b)

calakan

c)

Lalawora

d)

Daria

27.

Kampung Adat Ciptagelar

Kampung Ciptagelar perenahna di lamping kidul Gunung Halimu, desa Sirna Rasa, Kacamatan Cisolok, Sukabumi. Anggangna kira-kira 44 kilometer ti Palabuhan Ratu. Pikeun ngajugjug ieu tempat, kudu ngaliwatan heula jalan taneuh sapanjang 14 km anu kawilang loba tanjakan jeung pudunan sarta loba batu garedé. Tapi beuki deukeut kana ieu tempat, beuki dipapagkeun ku pamandangan sawah anu kacida éndahna di kénca jeung katuhueun jalan. Anjog di ieu tempat, aya gapura nu ditandaan ku buntelan pare ngajajar rapih sapanjang jalan.

  1. Di handap ieu kalimah anu teu luyu jeung teks di luhur nyaéta…..

a)

Kampung Ciptagelar perenahna di lamping kidul Gunung Halimu, desa Sirna Rasa, Kacamatan Cisolok, Sukabumi.

b)

Kampong Ciptagelar ka Palabuhan ratu anggangna 44 KM

c)

Anjog di ieu tempat, aya gapura nu ditandaan ku buntelan pare ngajajar rapih sapanjang jalan.

d)

Pikeun ngajugjug ieu tempat, kudu ngaliwatan heula jalan taneuh sapanjang 15 km anu kawilang loba tanjakan jeung pudunan

28.
  1. Novél munggaran dina kasusastraan Sunda nyaéta…

a)

Samagaha karangan Aam Amilia

b)

Baruang ka nu Ngarora karangan D.K Ardiwinata

c)

Rusiah nu Goréng Patut karangan Sukria jeung Yuhana

d)

Gogoda ka nu Ngarora karangan M.A Salmun

29.

salah sahiji novel karangan M.A. Salmun nyaeta....

a)

Baruang ka nu ngarora

b)

gogoda ka nu ngarora

c)

bentang pasantren

d)

babalik pikir

30.

novel babalik pikir dikarang ku....

a)

D.K. Ardiwinata

b)

M.A. Salmun

c)

Samsoedi

d)

Ki Umbara

31.
  1. Kira – kira wanci janari leutik, kadéngé sora Si Kalong babaung. Puguh wé lembur téh asa beuki keueung. Keur mah poék bulan, katambah aya anjing babaung.

Ungkara di luhur ngébréhkeun…

a)

galur

b)

jejer

c)

latar

d)

palaku

32.

Bulan Désember anu anyar ka liwat, Daséntra, gawé bareng jeung Pémda Kabupatén Bandung, ngagelar pasanggiri kawih murangkalih anu tempatna di aula pémda kabupatén Bandung. Ieu pasanggiri dilaksanakeun dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala Kabupatén Bandung anu ka-105.

Saha nu ngayakeun éta kagiatan?

a)

Daséntra

b)

Daséntra jeung Pémda Kabupatén Bandung

c)

Pamaréntah Kabupatén Bandung

d)

Pémda Kabupatén Bandung

33.
  1. (1) Si Emed ngangon meri jeung si Jasim

(2) Bapa si Emed maot dipacok oray totog

(3) Kacilakaan otobeus di Cadas Pangeran

(4) Si Emed meupeuskeun kaca toko bongbay

(5) Si Emed megatkeun langlayangan si Junan

(6) Si Emed digulungkeun kana samak ku si Joko

(7) Si Emed panggih deui jeung Ambuna

(8) Panon si Emed peurih lantaran dibaledog cabe

(9) Si Emed jeung Ambuna kabangsatan di Pasar

Dumasar carita dina novel babalik pikir, urutan nu merenah nyaeta….

a)

(5)-(1)-(2)-(4)-(9)-(6)-(8)-(3)-(7)

b)

(5)-(2)-(1)-(9)-(4)-(8)-(3)-(6)-(7)

c)

(5)-(1)-(2)-(9)-(8)-(4)-(6)-(3)-(7)

d)

(5)-(2)-(9)-(1)-(4)-(8)-(6)-(3)-(7)

34.

Novel Babalik pikir dikarang ku Samsoedi dina taun (a)  

35.

kampung adat nu aya di wewengkon Kabupaten Bogor nyaeta....

a)

Kampung Urug

b)

Kampung Baduy

c)

Kampung Cikondang

d)

Kampung Mahmud

36.

wangunan suhunan di handap nyaeta...

a)

jolopong

b)

julang ngapak

c)

capit gunting

d)

badak heuay

37.

Tokoh utama dina novel babalik pikir nyaeta...

(a)  

38.

dimana si emed jeung joko kacilakaan otobeus?

a)

Cadas Pangeran

b)

Cicadas

c)

Cikawari

d)

Semarang

39.

naon ngaran penjara atawa pangbuian anu nahan si Emed?

(a)  

40.

Saha tukang bajigur nu nulungan si Emed basa kaluar ti Rumah Sakit?

a)

Pa Lahiam

b)

Pa Tua Kampung

c)

Bapa Emed

d)

Pa Halim