wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal Bahasa Sunda Kelas 8_PAS 2024

Total questions: 40

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Bedana Kawih jeung tembang nyaeta .....

a)

Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nyaeta aturan pupuh

b)
  1. Tembang mah lalaguanan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami

c)

Kawih mah tradisional tembang mah modern

d)
  1. kawih mah make sinden, tembang mah meunang ku saha wae

2.

Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .....

a)

Anu dianggap penting pikeun urang

b)

Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang

c)

Anu dianggap penting pikeun pamimpin

d)

Anu dianggap penting pikeun sarerea

3.

Unsur-unsur intrinsik kawih nyaeta, iwal .....

a)

Tema

b)

Rasa

c)

Nada

d)

Pada

4.

Puisi sunda anu sok di kawihkeun nyaéta.....

a)

kawih

b)

Kakawihan

c)

Tembang

d)

Sisindiran

5.

Unsur-unsur rumpaka kawih nyaéta......

a)

Téma, pada, rasa, nada

b)

Téma, rasa, amanat, nada

c)

Téma, sikap, amanat, rasa

d)

Téma, amanat, pada, sikap

6.

Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …

a)

Téma

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

7.

Lalaguan sunda anu dihaleuangkeun dina kaulinan barudak nyaeta....

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Tembang

d)

Sisindiran

8.

Di handap ieu contoh kawih sunda, iwal....

a)

Bubuy bulan

b)

Oray-orayan

c)

És lilin

d)

Mojang priangan

9.

Naon ari anu di sebut rumpaka téh ?

a)

Lirik

b)

Sajak

c)

Nada

d)

Tulisan

10.

Dumasar kana kamekaran waktu, kawih baheula anu ayana saacan jaman jepang nyaéta..

a)

Kawih kiwari

b)

Kawih jaman jepang

c)

Kawih buhun

d)

Kakawihan

11.
  1. Pek ilo warta di handap!

Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida gedena pikeun diekspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bebas ASEAN taun 2015 engke. Salah sahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut ajenna henteu eleh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah di mana-mana.

Eta hal ditetelakeun ku Ketua Bidang Usaha Mikro Kecil dan Menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty Brusel, di Unit Pelaksana Teknis (UPT) Sepatu Cibaduyut, sawatara waktu kaliwat.

Upama mangrupa hasil paniten (observasi atawa panalungtikan) 5W+1H nyaeta

  1. 1) Naon anu dititenan atawa ditalungtikna teh?

  2. 2) Di mana nitenana atawa nalungtikna?

  3. 3) Kumaha hasilna?

  4. 4) Ku naon sababna make dititenan atawa ditalungtik?

  5. 5) Saha anu nitenan atawa nalungtik teh?

  6. 6) Iraha paniten atawa panalungtikanana?

Susunan 5W + 1H anu merenah nyaeta....

a)

5-1-4-2-6-3

b)

5-1-4-6-2-3

c)

5-1-6-4-2-3

d)

5-1-2-4-6-3

12.

Sarat-sarat warta nyaeta, iwal

a)

Aktual

b)

Faktual

c)

Fiksi

d)

Objektif

13.

Di handap ieu anu kaasup kana tujuan warta nyaéta....

  1. 1) Pikeun nepikeun béja ka balaréa

  2. 2) Pangajak

  3. 3) Kritik

  4. 4) Hiburan

  5. 5) Promosi

a)

1,2,3

b)

1,3,5

c)

1,2,5

d)

1,4,5

14.

Susunan struktur warta anu bener nyaeta.....

a)

Judul, waruga warta, bubuka, panutup

b)

Judul, bubuka, waruga warta, panutup

c)

Waruga warta, judul, bubuka, panutup

d)

Waruga warta, bubuka, judul, panutup

15.

Dina warta aya unsur 5 W + 1 H, nyaéta.......

a)

What, Who, Warm, Why, Week, How

b)

What, When, Where, Who, Why, How

c)

What, When, Where, Who, Why, Have

d)

What, When, Where, Who, Why, Has

16.

Warta biasa na sok dimuat dina, iwal.....

a)

Televisi

b)

Radio

c)

Majalah

d)

Carpon

17.

Jalma anu sok nyieun warta disebut......

a)

Jurnalis

b)

Reporter

c)

Host

d)

MC

18.

Di antara sarat warta nyaéta kudu bener teu aya kasalahan, atawa istilah séjéna......

a)

Objektif

b)

Saimbang

c)

Akurat

d)

Faktual

19.

Patokan guru wilangan 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i disebat pupuh ?

a)

Asmarandana

b)

Mijil

c)

Kinanti

d)

Sinom

20.

Patokan guru wilangan guru lagu 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u nyaeta pupuh ?

a)

Mijil

b)

Asmarandana

c)

Kinanti

d)

Sinom

21.

Pupuh mijil miboga watek.......

a)

Ambek

b)

Gumbira

c)

Bungah

d)

Sedih

22.

Guguritan di handap diwangun tina pupuh.....

Jamaah téh asal béda nagri,

ti wétan ka kulon,

nagri kidul katut nagri kalér,

rupa-rupa bangsa pada hadir,

mungguh umat Nabi,

kabéh gé kasaur.

a)

Mijil

b)

Asmarandana

c)

Kinanti

d)

Sinom

23.

Patokan guru wilangan guru lagu 8-i, 8-a, 8-e, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a nyaéta pupuh....

a)

Kinanti

b)

Asmarandana

c)

Sinom

d)

Mijil

24.

Jumlah engang dina unggal padalisan disebut.....

a)

Guru lagu

b)

Guru gatra

c)

Guru kecap

d)

Guru wilangan

25.

Sora vokal dina unggal padalisan disebut.....

a)

Guru lagu

b)

Guru gatra

c)

Guru kecap

d)

Guru wilangan

26.

Pupuh sinom diwangun ku sabaraha pada jeung padalisan

a)

6 Pada & 6 Padalisan

b)

6 Pada & 9 Padalisan

c)

9 Pada & 6 Padalisan

d)

7 Pada & 7 Padalisan

27.

Pupuh mijil diwangun ku sabaraha pada jeung padalisan....

a)

5 Pada & 6 Padalisan

b)

6 Pada & 5 Padalisan

c)

6 Pada & 9 Padalisan

d)

9 Pada & 6 Padalisan

28.

Aya sabaraha jumlah sakabeh pupuh....

a)

17

b)

18

c)

19

d)

20

29.

Sisindiran asal kecapna tina......

a)

Nyindir

b)

Sisindir

c)

Sindir

d)

Sindiran

30.

Aturan dina rarakitan jeung paparikan dina sapada kudu aya....

a)

2 padalisan

b)

3 padalisan

c)

4 padalisan

d)

8 padalisan

31.
  1. Meuli lontong reujeung kopi

Kertas kado ditalian

Ulah loba nongton tipi

Matak poho pelajaran


Sisindiran di luhur dumasar téks kaasup .....

a)

Rarakitan

b)

Wawangsalan

c)

Paparikan

d)

Kakawihan

32.
  1. Dudukuy panjang gagangna

Ditingali kunu pereum

Wawangsalan tina sisindiran di luhur nyaéta

a)

Beureum

b)

Sireum

c)

Kuli

d)

Laleur

33.

Padalisan ka hiji jeung kadua dina paparikan jeung rarakitan disebut.....

a)

Eusi

b)

Pada

c)

Cangkang

d)

Murwakanti

34.

Dudukuy panjang gagangna

Pikir bati ngalanglayung

Wawangsalan tina sisindiran di luhur nyaéta....

a)

Oray

b)

Gayung

c)

Payung

d)

Ati

35.

Dina sisindiran aya nu disebut murwakanti atawa sarua sora tungtung, lamun dina polana nyaéta .....

a)

a-a-b-b

b)

b-b-b-a

c)

a-a-a-a

d)

a-b-a-b

36.

Padalisan ka tilu jeung ka opat dina paparikan jeung rarakitan disebut....

a)

Eusi

b)

Cangkang

c)

Pada

d)

Murwakanti

37.

Paparikan asal kecapna tina "parek" anu hartina ...

a)

Nyindir

b)

Padeukeut

c)

Nasihat

d)

Rarakitan

38.
  1. Ka warung meuli kalapa 

Diparud ku tukang lisah

......................................

......................................

a)
  1. Guru digugu jeung ditiru

Indung bapa di hargaan

b)
  1. Mun urang ngedul diajar 

Geus kolot bodo jadina

c)
  1. Kudu getol ka sakola

Sangkan beunghar ku pangarti

d)
  1. Sing nurut ka indung bapa

Ambeh duanana nyaah

39.
  1. Lamun hayang masak tumis

Ulah dina coét batu

Lamun hayang jadi artis

Ulah mumul ngosok huntu

a)

Wawangsalan

b)

Rarakitan

c)

Paparikan

d)

Kakawihan

40.
  1. .......................................

.......................................

Ari gaya siga artis 

Suku hurik rorombéheun

a)
  1. Ka pasar rék meuli buncis

Daun sampeu keur seupaneun

b)
  1. Lamun milu ulah ceurik

Sing éra ku babaturan

c)
  1. Saha eéa baju beureum

Leumpangna aclog-aclogan

d)
  1. Mawa buku ejeung pulpén

Kantongna henteu digandong