wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Teks Dadaran Kampung Adat Sunda

Total questions: 13

Worksheet time: 24mins

Name
Class
Date
1-2.

Ti baheula nepi ka ayeuna, Kapala Kaluwarga (KK) di Kampung Salapan, jumlahna angger (tetap), heunteu nambahan. Lamun jumlah kaluwarga ngeleuwihan ti salapan, salah sahiji kaluwarga kudu kaluar ti eta kampung. Warga Kampung Salapan percaya lamun ngarempak (melanggar) eta aturan, warga kampung salapan bakal kena musibah.

1.

Dina teks di luhur, diterangkeun yen lamun kapala kaluwargana nambahan bakal aya ....

a)

banjirbandang

b)

kasinugrahan

c)

pacengkadan

d)

musibah

2.

Disebut Kampung Salapan teh ku sabab .... Kapala Kaluwarga (KK) anu aya di eta kampung teh salapam umpi angger (tetap) teu nambahan.

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a)

jumlah

b)

jumlahna

c)

ngajumlah

d)

dijumlahkeun

3-4.

Suku Dayak Hindu Budha Bumi Segandu Indramayu sok disebut suku dayak Losarang atawa Suku Dayak Takmad. Sesebutan Suku Dayak Takmad lantaran anu ngadegkeunna nyaeta Eran Takmad Diningrat Gusti Alam dina 1972. Dicirian ku ngadegna padepokan Nyi Ratu Kembar di Desa Krimun. Suku Dayak Indramayu kagolong kana komunitas lokal anu percaya kana ajaran babarengan tur dumuk di Desa Krimun, Kecamatan Losarang Kabupaten Indramayu.

3.

Nurutkeun teks di luhur, suku dayak Indramayu sok disebut suku Dayak Takmad sabab ....

a)

eta kampung teh ayana di Desa Losarang

b)

Masarakatna lolobana pendatang ti Desa Krimun

c)

Anu ngadegkeun Nyi ratu Jembar di Desa Losarang

d)

Anu ngadegkeun nyaeta Eran Takmad Diningrat Gusti Alam

4.

Suku Dayak Indramayu .... kana komunitas lokal anu percaya kana ajaran babarengan tur dumuk di Desa Krimun.

Kecap anu merenah pikeun ngeusian titik-titik dina kalimah di luhur nyaeta ....

a)

kagolong

b)

ngagolongan

c)

digolongkeun

d)

kagolongkeun

5.

Sakabeh warga kampung Naga ngagem agama Islam. Upacara-upacara adat oge rea patalina jeung agama Islam. Kitu deui kasenian nu aya nyaeta terebang, angklung, jeung beluk. Warga Kampung Naga pamali nanggap seni nu aya goongna, wayang golek, pencak silat, jeung dangdut.

Dumasar ilustrasi di luhur, warga Kampung Naga teu meunang nanggap sababaraha jenis kasenian salah sahijina nyaeta ....

a)

terebang

b)

wayang golek

c)

beluk

d)

angklung

6.

Kampung Naga téh hiji kampung adat anu aya di wewengkon Tasikmalaya. Masyarakatna masih kénéh ngajaga tur ngamalirkeun kabiasaan karuhunna, boh dina wangunan imah, sistem kapamimpinan, ogé cara hirup sapopoéna. Sakumna imah di Kampung Naga dijieun tina bahan alami, saperti kai jeung bilik, sarta diatur sasaruaan dina wangunan nu rapih.

Nu ngabedakeun Kampung Naga jeung Kampung Modern sejenna nyaeta ....

a)

Masyarakatna geus maké téknologi canggih

b)

Imahna dijieun tina beton jeung bata

c)

Masyarakatna masih ngajaga tradisi karuhun

d)

Sadayana wargana pindah ka kota

7.

Kampung Adat Ciptagelar aya di Kabupatén Sukabumi. Masyarakatna hirup ngahiji jeung alam, sarta boga aturan adat anu ketat dina tatanén. Aranjeunna henteu maké traktor atawa mesin modérn pikeun ngolah taneuh, tapi masih maké cara tradisional ngagunakeun bajak jeung sapi. Unggal taun, maranéhna ngayakeun upacara Seren Taun minangka tanda sukur kana hasil tatanén.

Nu dimaksud upacara Seren Taun di Kampung Ciptagelar nyaeta ....

a)

pesta ulang tahun karuhun

b)

rasa sukur kana hasil tatanen

c)

ngahibur wisatawan

d)

ngaganti pamingpin kampung

8.

Kampung Urug perenahna di Kacamatan Sukajaya, Kabupatén Bogor. Kampung ieu dipingpin ku olot anu mibanda kawenangan pikeun nangtukeun kabijakan adat. Salah sahiji tradisi anu masih dijaga nyaéta larangan ngagunakeun bahan logam dina wangunan imah, pikeun ngajaga kasucian jeung kasaimbangan alam.

Pentingna peran "olot" di kahirupan masarakat Kmapung Urug nyaeta .....

a)

Olot jadi pangatur upacara Seren Taun

b)

Olot jadi pamingpin adat anu nangtukeun aturan hirup masyarakat

c)

Olot ngan ukur nyimpen barang pusaka

d)

Olot téh tukang ngarakit imah

9.

Kampung Dukuh aya di Kabupatén Garut, nu kasohor ku kabersihan lingkungan jeung kapatuhan kana norma adat. Wargana henteu sagawayah ngawangun imah anyar tanpa idin ti kolot lembur. Sajaba ti éta, maranéhna ogé percaya yén ngajaga kasucian leuweung téh sarua hartina jeung ngajaga kahirupan sorangan.

Ajen moral anu bisa diconto tina kahiurupan msayarakat kampung dukuh nyaeta ....

a)

Kemandirian dina téknologi

b)

Kapercayaan kana mitos tanpa bukti

c)

Disiplin jeung patuh kana aturan

d)

Kalemah dina nyieun kaputusan

10.

Kampung Cireundeu aya di wewengkon Cimahi, Jawa Barat. Hal anu unik tina kampung ieu nyaéta kabiasaan masyarakatna anu henteu dahar béas, tapi ngagantikeun ku rasi (béas singkong). Ieu kabiasaan téh jadi simbol kamandirian pangan jeung rasa hormat kana sumber daya lokal anu aya di sabudeureunana.

Harti simbolik tina kabiasaan dahar rasi di Kampung Cireuneu nyaeta ....

a)

lambang kajujuran

b)

simbol kamandirian pangan

c)

tanda kurangna hasil tatanen

d)

bentuk penyimpangan adat

11.

Kampung Naga téh kampung adat anu perenahna di wewengkon Tasikmalaya. Masyarakat Kampung Naga hirup sauyunan, ngajaga kabersihan, jeung ngajénan warisan karuhunna. Imah di dinya dijieun tina kai jeung bilik, sarta diatur sasaruaan supaya taya anu leuwih ti batur. Kabiasaan gotong royong jeung ngahargaan alam masih kénéh dijalankeun nepi ka ayeuna.

Naon hartina ajén kasederhanaan dina kahirupan masyarakat Kampung Naga, sarta kumaha nilai éta bisa dijadikeun conto ku urang ayeuna?

4 lines
12.

Di Kampung Ciptagelar, masyarakatna ngahargaan pisan kana tatanén. Aranjeunna ngolah taneuh sacara tradisional tanpa alat modérn, sabab percaya yén cara karuhun leuwih ngahiji jeung alam. Unggal panén, aranjeunna ngayakeun upacara Seren Taun minangka rasa sukur ka Gusti. Upacara éta ogé ngajarkeun yén ngahargaan alam téh sarua jeung ngahargaan kahirupan.

Naon hubungan antara tatanén tradisional jeung ajén spiritual anu aya dina upacara Seren Taun di Kampung Ciptagelar?

4 lines
13.

Kampung Dukuh di Kabupatén Garut miboga aturan adat anu ketat. Wargana henteu meunang ngarobah tata letak kampung atawa ngawangun imah anyar tanpa idin ti kolot lembur. Ieu aturan dijaga pikeun ngajaga kasaimbangan jeung kabersihan lingkungan. Warga ogé teu meunang ngahaja ngaruksak leuweung sabab dipercaya bakal ngaganggu karaharjaan kampung.

Kumaha hubungan antara aturan adat di Kampung Dukuh jeung pelestarian lingkungan alam?

4 lines
14.

Kampung Urug anu aya di Kabupatén Bogor dipingpin ku hiji olot anu miboga tanggung jawab pikeun ngajaga tatanan adat. Dina kahirupan sapopoé, masyarakat Kampung Urug ngajaga harmoni antara manusa, alam, jeung karuhun. Éta ajén ngajarkeun yén kabagjaan moal bisa dihontal lamun urang henteu bisa ngahargaan sesama jeung lingkungan.

Naon pentingna peran olot dina ngajaga kabersamaan jeung kearifan lokal di Kampung Urug?

4 lines
15.

Kampung Cireundeu di Cimahi kasohor ku kabiasaan wargana anu henteu ngadahar béas tapi ngagantikeun ku rasi (béas tina sampeu). Tradisi ieu dijalankeun minangka simbol kamandirian pangan jeung rasa sukur kana hasil bumi sorangan. Ku cara éta, masyarakat Cireundeu nunjukkeun yén kabagjaan teu kudu gumantung kana kabiasaan umum, tapi bisa tina kahirupan anu sadar jeung sederhana.

Naon pesen moral anu bisa dicokot tina tradisi dahar rasi di Kampung Cireundeu pikeun kahirupan modérn ayeuna?

4 lines