NEW
Font size
WorksheetsASAS B. Sunda Kelas VII
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Paguneman, ngawangkong atawa ngobrol téh istilah nu mindeng dilakukeun ku urang dina kahirupan sapopoé. Ku kituna, nu dimaksud paguneman téh nyata ....
Obrolan silih tempas
Obrolan/omongan
Ngomongkeun
Nyimak obrolan
Paguneman bisa dilakukeun paling saeutik ku......
Tiluan
Opatan
Duaan
Limaan
Perhatikeun pedaran ieu handap!
1. Nyarita kudu ngayayay
2. Nyarita kudu maké lentong nu teu merenah
3. Nyarita kudu daria
4. Nyarita kudu béntés jeung jelas sorana
Ieu pedaran ngenaaan hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman nyata, iwal……
a. 1 jeung 2
b. 2 jeung 3
c. 1, 2, jeung 4
d. 1, 4, jeung 2
Dina paguneman mah komunikasi nu dilakukeun sifatna……
Saarah
Tilu arah
Dua arah
Opat arah
Perhatikeun paguneman ieu di handap! Endah : “Ari ayeuna kumaha tos damang ?” Mutia : “Alhamdulillah, éh kumaha aya PR henteu ?” Endah : “Aya PR bahasa sunda. Tugasna téh dipiwarang ngadamel carita pangalaman.” Mutia : “Alah, kumaha atuh. Endah kumaha upami Mutia kadinya, améh tiasa diajar sasarengan ?”
Dina wacana di luhur saha nu keur ngalakukeun paguneman …….
Mutia jeung Endah
Mutia jeung Desi
Endah jeung Alya
Ani jeung Asfia
Endah : “Ari ayeuna kumaha tos damang ?”
Mutia : ‘Alhamdullilah, aéh kumaha aya PR henteu ?’
Endah : ‘Aya PR bahasa sunda. Tugasna téh dipiwarang ngadamel carita pangalaman.”
Mutia : ‘Alah, kumaha atuh. Endah kumaha upami Mutia kadinya, améh tiasa diajar sasarengan ?
Eusi paguneman di luhur nyaeta........
Diajar
Endah tos damang
Mutia badé ka Endah
Ngerjakeun PR basa Sunda
Endah : “Ari ayeuna kumaha tos damang ?”
Mutia : ‘Alhamdullilah, aéh kumaha aya PR henteu ?’
Endah : ‘Aya PR bahasa sunda. Tugasna téh dipiwarang ngadamel carita pangalaman.”
Mutia : ‘Alah, kumaha atuh. Endah kumaha upami Mutia kadinya, améh tiasa diajar sasarengan ?
Paguneman di luhur ngagunakeun ragam basa nu mana ……
Basa loma
Basa hormat
Basa kasar
Basa lemes jeung kasar
Nu kaasup vokal dina basa sunda nyaeta .....
a. a-i-u-e-o
b. a-i-é-o-eu
c. a-i-u-e-é-eu
d. a-i-u-é-o-eu-e
Sora vokal – eu nu pangbenerna ditulis dina wangun kecap……
Beureum
Seudeung
Eundog
Hideup
Alkha : “Mbu, Alkha amitan badé mios ka sakola.”
Bu Mia : “Oh muhun, tos sasarap teu acan?”
Alkha : “Atos, Mbu engké Alkha wangsulna rada siang badé latihan Paskibra heula.”
Bu Mia : “Muhun, kadé kalangkung netepan lohor nya.”
Nada : “Moal atuh Mbu, Alkha mios heula nya, assalamualaikum.”
Bu Mia : “Waalaikum salam, kadé nya ati-ati di jalan.
Sempalan carita di luhur kaasup kana paguneman…
Pamitan
Ménta idin
Ménta hampura
Nganuhunkeun
Di handap ieu, mana kalimah paguneman anu nuduhkeun ménta hampura…
“Abdi mios ti payunna.”
“Sampurasun, kamana waé? Meni awis tepang.”
“Hayu urang ulin ka Lembang.”
“Hapunten, abdi nembé émut gaduh sametan.”
Titenan kalimah di handap!
Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manéh.
Ragam basa hormatna…
Kamari abdi patepang sareng tuang raka.
Kamari abdi patepang sareng pun raka.
Kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk
Kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk.
Titenan kalimah di handap!
Basa bapa kuring datang, kuring keur ngadéngékeun radio.
Ragam basa hormatna…
Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngadangukeun radio.
Waktos pun bapa dongkap, abdi nuju ngupingkeun radio.
Waktu pun bapa dongkap, abdi nuju ngadangukeun radio.
Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngupingkeun radio.
Di handap ieu, nu mangrupa ciri-ciri paguneman nu hadé nyaéta…
Palaku leuwih ti saurang
Dibacakeun babarengan
Ditulis ku batur
Palaku ngan saurang
Di handap ieu, nu kaasup unsur-unsur paguneman nyaéta ayana…
Tempat
Waktu
Panyatur/nu nyarita
Suasana
Kaulinan barudak aya anu sok maké kakawihan aya anu henteu. Mana di antara kaulinan barudak ieu di handap anu maké kakawihan…
Anjang-anjangan
Sondah
Oray-orayan
Ngadu kaléci
Istilah “Ngabandang” dina kaulinan maén langlayangan hartina…
Langlayangan sina muter
Langlayangan nu géddé teu anteng
Meunang langlayangan nu éléh atawa kapakan
Langlayangan nyorot huluna ti heula
Kaulinan barudak awéwé jeung lalaki anu dilakukeun ku lobaan, anu matak mikabutuh tempat anu lega bari dibarung ku kakawihan.
Dumasar kana pedaran di luhur kaulinan anu dimaksud nya éta…
Congklak
Béklén
Galah Asin
Oray-orayan
Kaulinan barudak nu sok dilakukeun ku budak awéwé nyaéta……
Béklén
Gatrik
Ucing sumput
Ngadu kaléci
Sedengkeun kaulinan nu dilakukeun ku budak lalaki nyaéta ……
Jajangkungan
Congklak
Sondah
Béklén
Tingetan gambar di handap! Ieu gambar disebutna kaulinan hompimpah. Tujuanana pikeun…
Milih anggota tim atawa kelompok sacara acak.
Ngahias lingkungan sakola.
Ngadamel kaulinan anyar.
Ngumpulkeun barang-barang antik.
Perhatikeun rumpaka ieu di handap!
Trang trang koléntrang
Silondok paéh nudutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
Nyéh prot, nyéh prot
Rumpaka di luhur kaasup conto….
Kawih
Tembang
Kakawihan
Pupujian
Ieu kaulinan di gigir, ngaranna téh nyaéta…
Béklén
Galah asin
Ngadu kaléci
Sondah
Anjang-anjangan atawa anyang-anyangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus….
Lulus sakola
Rumah tangga
Meunang gawe
Lulus kuliah
Anjang-anjangan atawa anyang-anyangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jeung sajabana. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. Palaturan maén: Saenyana mah euweuh palaturan nu matuh, mung paling ogé budak nu kabagéan peran bapa, indung atawa anak kudu bisa ngalenyepan peran nu dilakon. Mun saenyana aya nu teu bisa ngalenyepan, biasana sok dipoyokan teu bisa ulin.
Anjang-anjang téh biasana dilakukeun ku…
Barudak awéwé
Barudak lalaki
Bapa-bapa
Ibu-ibu
Dina kaulinan anjang-anjangan mun aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun…
Nini
Ibu
Bapa
Bibi
Dina kaulinan anjang-anjangan tiap…. téh kudu ngalenyepan peran nu dilakonan.
Usir
Peran
Poyokan
Guyur
Palaturan maén: Saenyana mah euweuh palaturan nu matuh, mung paling ogé budak nu kabagéan peran bapa, indung atawa anak kudu bisa ngalenyepan peran nu dilakon.
Mun saenyana aya nu teu bisa ngalenyepan, biasana sok dipoyokan teu bisa ulin.
Usir
Poyokan
Guyur
Baeudan
Kecap nu dipaké pikeun muji atawa ngagungkeun ka Pangeran disebut ……
Sajak
Kawih
Pupujian
Mantra
Tempat anu merenah pikeun pupujian aya ieu di handap, iwal ….
Masjid
Tajug
Madrasah
Perpustakaan
1Perhatikeun pupujian ieu di handap!
Eling eling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Maksud atawa eusi pupujian di luhur nyaéta……
Tobat ka Pangeran
Ajaran agama
Do'a
Pépéling
Ibadah ulah campoléh hartina……
Sakeudeung
Heureuy
Cepet
Teu daria/ teu serius
Sagala rupa anu kaalaman atawa karandapan ku hiji jalma disebut……
Pangalaman
Carita
Musibah
Kajadian
Pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal poé nyaéta pangalaman….
Sapopoé
Sorangan
Baheula
Luar biasa
Sedengkeun pangalaman anu ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup disebut pangalaman….
Baheula
Luar biasa
Saréréa
Sapopoé
Perhatikeun sempalan carita ieu di handap!
Da puguh lumput dibarengan ku kasieun teu karasa bujur milu disada brat brét brot. Sanggues léler pangacian kuring eureun. Terus ngalieuk ka tukang, anjing anu pikasieuneun euweuh ngudag, ngan nu aya téh bapa-bapa keur leumpang teu pati jauh di tempat kuring cicing, barang disidik-sidik ningali paromana siga nu nahan pikaseurieun.
Sempalan pangalaman di luhur kaasup pangalaman……….
Pikabungaheun
Pikasebeleun
Pikaseurieun
Pikasieuneun
Ragam basa anu digunakeun pikeun sapopoé atawa pikeun babaturan nu geus akrab disebut……
Basa hormat
Basa baku
Basa loma
Basa kasar
Ragam basa anu digunakeun pikeun jalma nu anyar pinanggih disebut……
Basa hormat
Basa baku
Basa loma
Basa kasar
Kalimah nu langsung diucapkeun ku panyatur disebut……
Kalimah teu langsung
Kalimah langsung
Kalimah baku
Kalimah teu baku
Kalimah nu sifatna naratif nyaéta….
Kalimah teu langsung
Kalimah langsung
Kalimah baku
Kalimah teu baku
