Worksheets10 BAHASA SUNDA
Total questions: 45
Worksheet time: 2hrs 30mins
Name
Class
Date
1.
Wawancara teh dina bahasa inggris disebutna,interview asal tina kecap Inter (antara;lolongkrang) jeung view (paniten;panempo.Nilik kana rucatan kitu,wawancara teh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya-jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antatra nu ngawawancara (interview) jeung nu di wawancara (narasumber;responden)
Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber di sebutna
a)
Paguneman
b)
Wawancara
c)
Sawala
d)
Konferensi
e)
Semi
2.
Upama nilik kana tujuan jeung lumangsungna kagiatan, wawanara teh bisa dipasing-pasing jadi sawatara wanda ieu dumasar ka nu carana kagiatan wawancara jeung sipat wawancara,dumasar kanu carana,kagiatan wawancara dibedakeun jadi tilu rupa,nyaeta wawancara mandiri,wawancarakelompok,wawancara konferensi.Dumasar kana sipatna,kagiatan wawancara,dibedakeun jadi dua rupa nyaeta,wawancara kauger jeung wawancara bebas.
Ieu teks diluhur anu henteu kaasup kana cara wawancara nyaeta...
a)
mandiri
b)
kelompok
c)
konferensi
d)
resmi
e)
teu resmi
3.
Kagiatan wawancara anu pananyana teu di rumuskeun heula ku pawawancara disebutna wawanara...
a)
bebas-kauger
b)
kauger
c)
madyabebas
d)
madyakauger
e)
bebas
4.
Kalimah panya teh gunana pikeun nanyakeun naon-naon nu hayang dipikanyaho ti jalma nu di tanya ciri utama kalimah pananya teh nyaeta ayana tanda pananya (?) Atawa ayana kecap pananya Aya rupa-rupa fungsi kecap pananya.
Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W + 1H,anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap...
a)
naon,mana,saha,ku saha,naon sababna,kumaha
b)
mana,dimana,ka mana,iraha, kunaon,kumaha
c)
saha,naon,iraha,di mana,naha,kumaha
d)
saha,naon,mana,iraha,naon,sababna,kumaha
e)
saha,ku saha,ti saha,di saha,ka saha,keur saha
5.
Cupu Manik (CM) kumaha ketak dalang kiwari dina mayunan jaman nu beuki maju ? Deden Kosasih Sunarya (DKS) Dina nyanghareupan paneka jaman kiwari,tantangan pikeun dalang teh leuwih beurat. Tarekah Dalangna heula kudu pinter jeung terus motekar.Kudu adaptif jeung apresiatif,hartina kudu surti naon kareusep jeung ka hayang masarakat kiwari Ulah monoton,kudu gaul jeung moderen .mun dalangnageus morekat ,Atikan moral ge bisa di larapkeunkana tren pola pikir masarakat kiwari.
Ieu teks wawancara di luhur kalimah pananya “Kumaha Sumbangan Dalang kana atikan “ mihareup jawaban ngenaan...
a)
pangaruh dalang kana atikan
b)
kaayaan kamekaran dalang
c)
undakna ajen atikan
d)
peranan dalang anu bisa jadi pangatik
e)
dalang jeung pangatik teh sarua
6.
Anu henteu kaasup nu sok ngayakeun wawancara ,nyaeta…
a)
nu ngetes calon pagawe
b)
Wartawan
c)
panalungtik
d)
pulisi
e)
padagang
7.
Kumaha ketak dalang kiwari dina mayunan jaman nu beuki maju.
Conto kalimah diluhur teh kaasup kana kalimah pananya. Kalimah pananya nyaeta kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta ihareup ayana responsi mangrupa jawaban anu jentre,Ciri utama kalimah pananya,mun dina omongan sok katangen dina lentongna.Ari dina basa tulis,kalimah pananya teh sok ditungtungan make tanda pananya
Kalimah eta diluhur anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya,nyaeta...
a)
di tungtungan ku tanda pananya
b)
diwangun tina kalimah wawaran
c)
ngandung kecap pananya
d)
mihareup responsi nu mangrupa jawaban
e)
mihareup responsi nu mangrupa tindakan
8.
Kagiatan naon wae nu dilaksanakeun kuurang tangtu kudu aya rangkayna.kitu deui dina wawancara kudu puuh rangkayna.Saperti dina kagiatan umumna struktur atawa adegan wawancara teh kudu nyoko kana (1) bubuka. (2) eusi. Jeung (3) pamungkas.ieu teks diluhur nu teu kaasup kana adegan wawancara ,nyaeta...
a)
bubka
b)
pamungkas
c)
eusi
d)
salam
e)
pananya
9.
Jawaban anu ditepikeun kunu di wawancara umumna mangrupa kalimah atawa paragrap…
a)
dadaran (deskriptif)
b)
alesan (argumentatif)
c)
pedaran (ekspositoris)
d)
carita (naratif)
e)
mangaruhan (persuatif)
10.
Ieu dihandap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara,nyaeta...
a)
mastikeun beuner henteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta
b)
nyangking pamadegan resmi ti narasumber
c)
konpirmasikeur babandingan data
d)
. ngera-ngera jalma nu diwawancara
e)
ngajaring informasi ti narasumber
11.
nu disebut sajarah lokal nyaeta sajarah anu aya patalina jeung wewengkon atawa tempat di mana urang cicing dina sempalan babad Sumedang nu judulna “Eyang Jaya Perkasa”urang mangihan kumaha Sajarahngeunaan karajaan Sumedang nu sok ditulis atawa dijadikeun sumber sajarah lokal teh biasana mah carita babad.
Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna...
a)
mitos
b)
legenda
c)
babad
d)
sage
e)
parabel
12.
“boa-boa perlaya”ceuk prabu geusan ulun “duka atuh,kirang terang lebah dinya mah”tembal ki Nangganan ngadenge jawaban kitu ti Ki Nangganan kitu, hate prabu geusan Ulun mimiti dilimpudan kasieun. Sieun ku pasukan Cirebon ngarebut karaton tur maehan dirina.teu lila terus wae ngajak pindah sakumna eusi nagara.Ngajugjug ka suku gunung Rengganis,di daearah Dayeuh luhur
teks sempalan babad Sumedang ieu diluhur yen puser daeuh Sumedanglarang dipindahkeun ti kutamaya ka DayeuhLuhur lantaran...
a)
nyingkahan pangrurug ti karajaan Cirebon
b)
puser Dayeuh Kutamaya geus kurang strategis
c)
ngalegaan wilayah karajaan
d)
aya pituduh karuhun
e)
kaayaan taneuh di Dayeuh Luhur leuwih alus
13.
Hidep geus di ajar ngenaan babad, nyaeta carita anu ngandung unsur sajarah,pikeun ngaleugaan wawasan hideup ayeuna urang pedar saliwat ngenaan sajarah Jawa Barat teh nyaeta,Karajaan anu munggaran di Jawa Barat teh nyaeta Salakanagara kalawan puser dayeuhna Rajaputra. Raja anu munggaran nyaeta,Dewawarman 1 (130-168 M ),sabada Salakanagara runtag muncul Karajaan Taruma nagara,Raja anu munggaran nyaeta Jayasingawarman (minantu Dewawarman VIII,358-382M)
Karajaan anu munggaran di Jawa Barat, nyaeta...
a)
Taruma Nagara
b)
Sunda Sembawa
c)
Galuh
d)
Salakanagara
e)
Kawali
14.
Carita babad teh ditulisna aya anu dina wangun wawacan aya oge anu dina wangun prosa. Nuliskeunana bisa make aksara Sunda Kuno,Arab (petagon) jeung SundaJawa (Cacarakan). Tapi aya oge nu ditulis make aksara Laten. Judul-judul carita nu geus kasohor di antarana: Babad Cikundul,Babad Bogor,Babad Galuh,Babad Sukapura,Babad Sumedang,Babad Panjalu,Babad Cirebon,Babad Gadog,Babad Banten Jste.
Bacaan teks diluhur anu henteu kaasup kana Dongeng babad,nyaeta...
a)
Babad Cikundul
b)
Babad Galuh
c)
Babad Sumedang
d)
Babad Priangan
e)
Babad Cijulang
15.
Kolotna nini atawa aki urang disebutna...
a)
bao
b)
buyut
c)
janggawareng
d)
udeg-udeg
e)
Kait siwur
16.
Sumur Bandung teh mangrupa cikal bakal lahir jeung ngadegna Kota Bandung nepi kaayena Sumur Bandung teh pernahna di puser Kota Bandung,Sumur Bandung dijieuna ku Adipati Wiranatakusumah II dina tanggal 25 mei 1811.Teu jauh ti eta tempat diwangun oge Masjid Agung Pendopo Bupati,jeung alun-alun. Kiwari,Sumur Bandung teh perenahna di tukangen kantor PLN cabang Jabar Banten,Jln Cikapundung,Timur Bandung,atawa kurang leuwih 100 meter wetaneun alun-alun Bandung tur pagedeng-gedeng jeung Jln.Asia Afrika Bandung.
Sumur Bandung teh perenahna...
a)
di tukangeun ngguKantor PLN Cabang Jabar Banten
b)
di tukangeun Mesjid Agung Bandung
c)
di tukangeun pendopo Bandung
d)
di Jalan Braga Bandung
e)
di Jalan Dalem Kaum Bandung
17.
Ceuk ujaring carita ,salasaurang ponggawa tumanya “Gamparan,geuning tina tilas teteken teh kaluar cai.ceuk dupi eta cai naon ?” “eunya....eta cai Sumur Bandung.cai nu isuk jaganing geto bakal jadu kahuripan jeung karahayuan urang Bandung”Waler Raden Adipati Wiranatakusumah II,satuluyna,cenah ku kasakten RadenAdipati Wiranatakusumah nu jelas henteu samanea,dina waktu sapeuting,urut teteken teh di jadikeun Sumur.
Ungkara “Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung” ngandung harti...
a)
Sumur Bandung teh jadi tanda ngadeugna Kota Bandung
b)
Kota Bandung jadi puser dayeuh Jawa Barat
c)
Sumur Bandung teh mere karahayuan keur dayeuh katut rakyat Bandung
d)
Sumur Bandung teh mere karaharjaan keur rakyat Jawa Barat
e)
Cai di Sumur Bandung teh loba
18.
Geusan ulun ka Sintawati perenahna...
a)
nini
b)
buyut
c)
bao
d)
janggawareng
e)
udeg-udeg
19.
Minangka wanggun carita,dina babad teh bakal kapanggih ayana galur carita.ieu di handap anu henteu kaasupkana wanda galur carita,nyaeta...
a)
galur merele ,galur bobok tengah, galur mundur
b)
galur bobok tengah, galur ngacak,galur pandeuri
c)
galur ngacak, galur marele,galur mundur
d)
galur mundur, galur pandeuri, galur teungah
e)
galur maju, galur ngacak, galur pandeuri
20.
Karajaan pakuan jeung Karajaan Kawali dihijikeun jadi Karajaan Pakuan Pajajaran ku Sri Baduga Maharaja (Siliwangi,1482-1521 M) Siliwangi teh anakna Ningrat Kancana sarta minantu Susuktunggal.Karajaan nu kadua nyaeta Surawesesa (1521-1535 M),dituluykeun ku Ratu Dewatabuana (1543-1551 M) nu di barengan ku Ratu Saksi (1543-1551 M) Nila kendra (1551-1567 M) tur di pungkas ku Ragamulya Suryakancana (1567-1579 M).
Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun...
a)
Karajaan Sunda
b)
Karajaan Galuh
c)
Karajaan Pajajaran
d)
Karajaan Kawali
e)
Karajaan Salakanagara
21.
Di Jawa Barat jeung Banten kapanggih sababaraha prasasti.Eta prasasti di ngaranan luyu jeung tempat kapanggihna,nyaeta (1) Prasasti Ciaruten, (2) Prasasti Kebon Kopi, (3) Prasasti Koleangkak, (4) Prasasti Pasi Awi, (5) Prasasti Pasir Muara, (6) Prasasti Tugu,jeung, (7) Prasasti Cidangiang.jaba ti eta aya Piagem Kabantenan,Prasasti Geger Hanjuang,jeung Prasasti Astana Gede Kawali,aya deui Naskah Kuno nu ditulis make Aksara Sunda,di antarana wae Amanat Galunggung,Darmajati jeungJatiraga.
Ieu teks diluhur netelakeun yen Aksara Sunda Kuno kungsi digunakeun digunakeun dina media ,aya salah sahiji nu teu kungsi digunakeun dina media nyaeta...
a)
prasasti
b)
buku
c)
naskah
d)
pigem
e)
koran
22.
Aksara teh ciri mandiri tina jatidiri bangsa nu mibanda.Aksara Sunda ge kiti,jadi kareueus tur ciri jatidir urang Sunda,Dumasar lalakon sajarahna,urang Sunda teh kungsi ngagunakeun 7 Aksara, nyaeta Palawa jeung Pranagari (abad ka 5 nepi ka abad 7 masehi; + salila 5 abad,Aksara Jawa atawa Carakan (abad ka 11 jeung abad ka-17 nepi ka abad 19 nepi ka paneungah abad ka – 20 Masehi; + salila 2 abad ),jeung hurup Laten (ahir abad ka -19 nepi ka ayeuna+salila 2 abad)
Bacaan ieu diluhur Disawang tina kamekaranana,aksara Sunda Kuno asal tina aksara...
a)
Arab
b)
Tionghoa
c)
Brahmi (pallawa)
d)
Jawa
e)
Melayu
23.
Ieu di handapnu teu kungsi digunakeun di Tatar Sunda,nyaeta...
a)
Pegon
b)
Jawa
c)
Pakistan
d)
Sunda
e)
Pallawa
24.
Pikeun maca aksara Sunda dina prasasti ,henteu babari .kahiji ,aksarana kaasup wanda aksara Sunda Kuno ,ka dua ,wujudna laleutik teuing .kukituna ,aksara Sunda anu sumebar di sakola-sakola,nyaeta aksara Sunda anu geus dimodifikasi,Ari aksara Sunda teh angka golong kana aksara silabis, nyaeta saaksara ngalambangkeun saengang.Tangtu beda jeung aksara laten nu sipatna fonetis,nyeta ngalambangkeun sasora,anu beda deui jeung aksara Tionghoa nu sipatna logografis nyaeta saaksara ngalambangkeun sakecap.
Ditilik tna wanguna ,aksara Sunda kagolong kana tipe aksara...
a)
fonetis
b)
fonemis
c)
silabis
d)
logografis
e)
ortografis
25.
Aya conto aksara Sunda anu dipake nulis prasasti ,aya dua contoprasasti,nyaeta,prasasti kawali 9 jeung kawali 1. prasasti kawali 9 sarua jeung prasasti…
a)
prasasti Batulis Bogor
b)
prasasti Geger Hanjuang Tasikmalaya
c)
prasasti Pasirmuara Bogor
d)
prasasti Astna Gede Kawali Ciamis
e)
Prasasti Kabantenan
26.
Aksara ngalagena teh nyaeta konsonan nu binarung vokal /a/ jumlahna aya 23 anu ngawengku 18 aksara ngalagena Sunda jeung 5 Aksara ngalagena serapan (fa,va,qa,za,xa)Titenan wangun jeung cara macana
Dina aksara Sunda aya nu disebut aksara ngalagena lantaran...
a)
ngabogaan tujuh aksara swara
b)
ngabogaan rarangken (panandes sora)
c)
wianjana ( konsonan ) di tuturkeun ku sora /a/
d)
aya konsonan asing nu dipake
e)
ngabogaan 25 aksara asli atawa tulen
27.
Lamun rek nuliskeun aksara angka ,kudu dihapit…
a)
dua gurat condong
b)
dua gurat ajeug
c)
kekenteng
d)
kurung siku
e)
kurung kurawal
28.
ieu dihandap wangun aksara Sunda anu teu mirip nyaeta...
a)
/ta/ jeung /ya/
b)
/ba/ jeung /nya/
c)
/ka/ jeung /sa /
d)
/wa/ jeung /ha /
e)
/pa/ jeung /fa /
29.
ieu dihandap aya wangun aksara Sunda anu teu mirip jeung angka,nyaeta...
a)
/ wa / jeng / 1/
b)
/ u / jeung / 3 /
c)
/ la / jeung / 7 /
d)
/ ca / jeung / 8 /
e)
/ ga / jeung / 9 /
30.
Pikeun nuliskeun kecap “ imah “ dina aksara Sunda di perlukeun rarangken...
a)
pangwisad
b)
panghulu
c)
panyuku
d)
panyiku
e)
panyecek
31.
Salahsahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran ( Puisi ),tapi teu pati ka uger kupatokan –patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebut…
a)
pupuh
b)
sajak
c)
guuritan
d)
sisindiran
e)
wawangsalan
32.
Tanah Sunda Karya :Ajip Rosidi
Hejo Pagunungan Paul Lautan Hejo Paul Langitna Hate Kurng
Masing dimana Kuring nangtung Masing Kamana kuring Leumpang Tanah Lebok Matak beutah Angin nyeot nyiuman tarang
Hejo pagunungan paul lautan Taya kamarasan ngan katugenahan Hejo pagunungan paul lautan Taya katengtreman ngan ancaman
Anu kelirnahejo teh naon ceuk sajak “ Tanah Sunda “ ...
a)
Lautan
b)
Pakebonan
c)
Pagunungan
d)
Walungan
e)
Padataran
33.
Tanah Sunda Karya :Ajip Rosidi
Hejo Pagunungan Paul Lautan Hejo Paul Langitna Hate Kurng
Masing dimana Kuring nangtung Masing Kamana kuring Leumpang Tanah Lebok Matak beutah Angin nyeot nyiuman tarang
Hejo pagunungan paul lautan Taya kamarasan ngan katugenahan Hejo pagunungan paul lautan Taya katengtreman ngan ancaman
Nyawang Tanah Sunda teh taya kamarasan,ngan....
a)
ancaman
b)
katugenahan
c)
kacangcayaan
d)
kamirisan
e)
katengtrem
34.
mana di handap ieu nu teu kaasup kana adegan batin sajak,nyaeta...
a)
tema
b)
rasa
c)
nada
d)
wirahma
e)
amanat
35.
Nilik perenahna,purwakanti teh aya dua.Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina padalisan di sebut purwakantii rantayan. Cotona,sajak di luhur ari sarua jeung padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya di tungtung ungkara padalisan mah disebutna purwa kanti runtuyan.
Padeukeutna Sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna...
a)
gaya basa
b)
kecap nyata
c)
purwakanti
d)
wirahma
e)
wirasa
36.
Parafrase kauger,nyaeta ngarobah sajak kana basa lancaran kucara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan,nepi ka sakjak teh kaharti eusi atawa maksudna. Prafrase bebas, nyaeta ngarobah sajak kana basa lancaran make kekecapan sorangan.kecap-kecap anu aya dina sajak aslina bisa dipake bisa oge henteu.
Ngarobah Sajak kan basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan ,nepi ka sajak teh kaharti eusi atawa maksudana disebut...
a)
dramatisasi
b)
parafrase bebas
c)
parafrase kauger
d)
deklamasih
e)
maca sajak
37.
Sabada di taratas ku kis WS,sajak Sunda terus mekar nepi kakiwara,Lian ti rea sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda,seperti mangle,cupu manik,Galura,jeung koran Sunda,oge rea karyaanu geus di butuhkeun mangrupa antologi.Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna ,di antarana : Lalaki di tegal pati, karya Sayuti (1963) Jante akidam, karya Ajip Rosidi (1967) tepung di Bandung, karya Rahmat M.Sas.Karana, Wasiat konglomerat, karyaTaupiq Faturohman, Lalaki Langit, karya Juniarsu Ridwan
Buku Sajak Lalaki di tegal pati,dikarang ku...
a)
Rahmat M.Sas Karana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Sayudi
d)
Godi Suwarna
e)
Surahman RM
38.
Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif,nyaeta...
a)
Adang sok maju ka hareup!
b)
Sok geura maju,ulah cicing wae di tukang.
c)
Mobil anyar teh meni maju meni gancang.
d)
Wa Haji teh ayeuna mah geus maju dagangna.
e)
Ari geus Maju mah,manehna teh wani nincak sagala.
39.
“ Munding teh geus dicangcang dina tangkal” Kecap dicangcang ngandung harti denotatif anu sarua hartina jeung...
a)
diduitan
b)
ditalian
c)
diparaban
d)
ditawaran
e)
diantepkeun
40.
Baca semplan ieu Sajak
Merah putih nu kiwari mumbul dirangkul ku langit paul baheula kungsi ngelebet dina tungtung bayonet katut peujit murilit
Dina sempalan sajak di luhur,kecap anu ngandung harti konotatif,nyaeta...
a)
mumbul
b)
ngelebet
c)
dirangkul
d)
murilit
e)
kiwari
41.
Jawab kalawan singet ! Ti mana mimitina cara nulis aksara Sunda ?
4 lines
42.
Aksara ngalagena naon wae nu mangrupa serepan tina basa asing ?
4 lines
43.
Sebutkeun rarangken anu cicingna luhureun aksara dasar ?
4 lines
44.
Naon bedana parafrase bebas jeung parafrase kauger ?
4 lines
45.
naon bedana maca sajak jeung deklamasi ?
4 lines
100 %
