WorksheetsSoal PAT B. Sunda Kelas 7
Total questions: 35
Worksheet time: 35mins
Indung jeung Anak
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék. “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”
“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.” “Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”
“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya.
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.
Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
Tata krama dina waktu dahar
Tata krama naek jeung turun tina mobil
Tata krama waktu indit sakola
Tata krama waktu dina waktu mandi

Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
Bapana
Lanceukna
Adina
Salakina

Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
Tata krama
Tata cara dangdan
Tata cara naek mobil
Tata cara natamu
Naon ari tata krama teh?
Aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé
Aturan sopan santun anu ditetepkeun ku pamaréntah
Tata tertib dina sakola
Tata cara kahirupan manusa sapopoé
Kumaha tata krama dina natamu?
Kudu barangbawa atawa mawa oleh-oleh lamun rek natamu
Kudu make pakean anu alus lamun rek natamu
Ngucapkeun salam, punten atawa ngetrok panto 3 kali
Mun rek natamu datangna kudu sore-sore
Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju.
Kecap tetelepék ngandung harti.....
Tara daek tatanya
Sok tunya-tanya
Bawel/cerewet
Tara campur gaul
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
Kembang céngék sebutanana nyaéta….
Gélényé
Mayang
Ulated
Méncéngés
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu.
Ngembang kadu hartina….
Olohok
Geulis
Aléwoh
Bolotot
Basa tepung ge meuni ngembang tiwu jiga kanu teu wawuh.
Kembang tiwu hartina…..
Eumbreuk
Aléwoh
Bosongot
Badaus
“Bu nuju damel naon, tos tabuh 10 wengi teu acan…..kénéh?”
sare
mondok
kulem
hees
1. “Sareng saha Bu, Atia ….. ka Garut na?”
Angkat
Indit
Mangkat
Mios
Ciri kalimah langsung dina basa tulisan nyaéta…..
Diucapkeun langsung ku pananyana
Make koma jeung tanda Tanya
Diselapan ku kecap panyambung
Diapit ku tanda kekenténg
Mana kalimah langsung anu bener?
Saha anu teu sakola?
Iraha rék indit ka Jakarta téh?
Mah aya nu bade diatroskeun?
Atia nayakeun ka Indungna naon ari tata krama téh?
“Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad.
Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina….
Imas nyarita ka Somad yén manéhna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Somad, kuring mah mola milu pinik da teu boga duit
Ceuk Imas ka Somad, kuring mah moal milu piknik sabab teu boga duit.
Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas
Ieu di handap conto kalimah langsung, iwal…
Hey, bade ngiring moal?
Kumaha, dupi bapana aya?
Bu Reni sasauran, Engke buku latihanana kempelkeun!
Mun rek ulin ka Lembang mah numpak motor we
Nu raresep kaulinan medar téh nyaéta…
Barudak
Barudak lalaki
Barudak awéwé
Barudak jeung kolot
Medar téh aya usumna nyaéta waktuna….
Usum halodo
Usum hujan
Usum halodo keur alus anginna
Usum gedé angina
Ari nu sok diilukeun kana pestival langlayangan mah jenisna …
Langlayangan hias
Langlayangan gombrés
Langlayangan adu
Langlayangan leutik
Gambar langlayangan disebutna …
Lukisan
Wangkong
Gambar
Pulas
Langlayangan pegat alatan lain karana diadu disebut…
Godos
Kabandang
Ditataran
Kapakan
Istilah blép ayana dina kaulinan…
Ngadu kaléci
Panggal
Péclé
Jajangkungan
Istilah minangkar jeung minangkub téh ayana dina kaulinan…
Gatrik
Ngadu karét
Péclé
Damdaman
Salasahiji kaulinan barudak awéwé nyaéta…
Anyang-anyangan
Gatrik
Ngadu kaléci
Medar
Wanci dimana poe geus mimiti poek, deukeut ka waktu magrib disebutna….
Sareureuh budak
Sareupna
Janari leutik
Pecat sawed
Manceran teh nuduhkeun wanci….
Mimiti bijil panon poe
Panon poe geus ngageser ka beulah kulon
Tengah poe
Waktu kira-kira jam 7 isuk nepi jam 9 isuk
Carangcang tihang ge pun Bapa mah tos angkat ka pasar. Carangcang tihang nyaeta….
Wanci liwat fajar, tetenjoan remeng-remeng keneh
Waktu sabada haneut moyan, panon poe geus karasa panas
Waktu dimana panon poe geus rek surup
Waktu dimana udat-udat bodas katembong tibelah wetan
Sampalan nyaéta….
Tegal/tanah kosong nu jaradi jukut di tengah leuweung tempat nyatuan sasatoan.
Sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa pilemburan.
Suku gunung, bagian handap gunung.
Tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok diparaké ngangon.
Tanah darat nu sok dipelakan pare disebut….
Hunyur
Tetelar
Huma
Tepis wiring
Sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa pilemburan nyaeta….
Hunyur
Tetelar
Huma
Tepis wiring
Bagian walungan anu jero disebut…
Babantar
Tetelar
Leuwi
Tepis wiring
Sesebutan pikeun anak bangkong nyaeta….
Ciak
Eneng
Buruy
Bilatung
Pakakas hayam pikeun diadu disebutna….
Jajangkar
Ciak
Kongkorongok
Siih
Mana kecap anu ngandung hari harti ngalegaan dina kalimah-kalimah ieu di handap?
Aya bibi nu ngasuh pun adi mah.
Jalan teh macet ku motor meuni rabeng jiga siraru.
Saenggeus jadi Sarjana manehna jarang balik ka lembur.
Calon anggota DPR téh nyumbang kitab ka pasantrén.
Babasan "buntut kasiran" hartina….
Koret
Daekan
Hese dititah
Babari borok
Lamun rek nulis iklan basana kudu…
kudu singkat, padet, jeung narik nu maca
biasa-biasa wae lah
kudu resmi jeung sopan ulah resakeun
kudu ngeunah kanu macana