Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal Biografi Nano S

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Saha ari Nano S. téh?

a)

Panalungtik sajarah Sunda

b)

Sastrawan Sunda

c)

Komponis kawih Sunda

d)

Politikus Sunda

2.

Salasahiji lagu Nano S. anu kasohor, Kalangkang, bisa ngorbitkeun panembang Sunda nyaéta ...

a)

Evie Tamala

b)

Doel Sumbang

c)

Bungsu Bandung

d)

Nining Méida

3.

Naon widang élmu anu dileukeunan ku Nano S.?

a)

Seni karawitan

b)

Seni tari

c)

Seni rupa

d)

Seni téater

4.

Di sagédéngeun ti kalungguhanana minangka Kapala Sakola di SMK Negeri 10 Bandung, Nano S. kungsi nyepeng kalungguhan minangka ...

a)

Kapala Jawatan Kereta Api

b)

Kapala Taman Budaya Provinsi Jawa Barat

c)

Kapala Musieum Sri Baduga

d)

Kapala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata

5.

Nano S. ngamekarkeun sababaraha kasenian Sunda, iwal ti ...

a)

Pop Sunda

b)

Degung

c)

Kacapian

d)

Calung

6.

Sanggeus sababaraha taun Nano S. ilubiung jeung grup kasenian guruna, Mang Koko, Nano S. tuluy ngadegkeun grup kasenian sorangan anu dingaranan ...

a)

Gentra Madya

b)

Setia Putra

c)

Ganda Mekar

d)

Mustika Déwi

7.

Di mancanagara, Nano S. ngadegkeun grup kasenian anu dingaranan ... di nagara ....

a)

Dadali - Rusia

b)

Ethnotik - Australia

c)

Sinar Surya - Amérika Serikat

d)

Paraguna - Jepang

8.

Lagu Nano S. anu judulna Cinta Ketok Magic meunang piunggul ...

a)

Anugerah Musik Indonésia

b)

HDX Award

c)

Panasonic Gobel Award

d)

Piala Citra

9.

Nano S. nikah ka saurang pasindén kahot anu jenenganana ....

a)

Ida Widawati

b)

Euis Komariah

c)

Ida Rosida

d)

Dhéniarsyah

10.

Ti mana asalna Nano S. téh?

a)

Indihiang, Tasikmalaya

b)

Tarogong, Garut

c)

Dawuan, Subang

d)

Arjasari, Bandung

11.

Naon jenengan lengkepna Nano S. téh?

a)

Nano Suratno

b)

Nano Supriatno

c)

Nano Sumarsono

d)

Nano Saépulloh

12.

Nano S. nuluykeun atikanana ka paguron luhur nyaéta ...

a)

Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan Negeri Bandung

b)

Akademi Seni Tari Indonésia

c)

Institut Agama Islam Negeri Sunan Gunung Djati

d)

Universitas Padjadjaran

13.

Nano S. kungsi nyanggi lagu dina basa Jepang anu judulna ditataan di handap, iwal ti lagu ....

a)

És Lilin Sunda-Jepang

b)

Dénsha no Uta

c)

Shima no Uta

d)

Hiragana-Katakana

14.

Lagu dina wanda Dangdut Sunda ciptaan Nano S, anu dihaleuangkeun ku Évie Tamala judulna nyaéta ...

a)

Cinta Ketok Magic

b)

Biarin Kang

c)

Goyang Dombrét

d)

Duh Engkang

15.

Nano S. ngantunkeun di Bandung kaping ...

a)

29 Juli 2020

b)

10 Maret 2018

c)

29 Séptémber 2010

d)

28 Maret 2008

16.

Nano S. asalna ti kulawarga anu anclub dina widang

a)

Kasenian

b)

Akademisi

c)

Pamaréntahan

d)

Ilmuwan

17.

Nano S. kungsi kapeto jadi Kapala Jurusan Karawitan jeung Kapala Sakola di almamaterna. Naon harti tina kecap kapeto téh?

a)

Diganti

b)

Dipercaya

c)

Dilantik

d)

Dititah

18.

Salasahiji kiprah seni Nano S. di Amérika Serikat nyaéta ...

a)

Jadi dosén tamu kasenian di Universitas Santa Cruz

b)

Jadi ataseu kebudayaan

c)

Jadi duta besar

d)

Jadi jurnalis

19.

Sabari ngajar, inyana nuluykeun kuliah ka ASTI Bandung, nepi ka nyangking gelar Sarjana Karawitan. Naon maksud tina kecap inyana téh?

a)

Kuring

b)

Manéh

c)

Manéhna

d)

Urang

20.

Sabari ngajar, inyana nuluykeun kuliah ka ASTI Bandung, nepi ka nyangking gelar Sarjana Karawitan. Naon maksud tina kecap nyangking?

a)

Meunang

b)

Nyepeng

c)

Nepi

d)

Neruskeun