WorksheetsPertanyaan tentang Carpon
Total questions: 45
Worksheet time: 35mins
Naon anu dimaksud carpon teh?
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang.
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang.
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok.
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok.
Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...
Dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal
Carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern
Dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok
Carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna
Carpon mangrupa karya sastra dina wangun...
Lancaran
Sindiran
Ugeran
Puisi
Nu tea kaasup ciri carpon nyaeta…
Rengse dibaca kira-kira saparapat jam
Caritana tea logis, ngandung unsur pamohalan
Kecapna antara 5000-10.000 kecap
Dititik 2 spasi, 4-8 lambar ukuran kertas A4
Sasaruan carpon jeung dongeng nyaeta sarua-sarua...
Mangrupa carita realistis
Mangrupa carita rekaan atawa khayal
Mangrupa carita pamohalan
Mangrupa carita kanyataan
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut ….
Carita Wayang
Pantun
Biantara
Dongeng
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
Eusi bianta
Mamanis biantara
Panutup biantara
Bubuka biantara
Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal
Salam panutup
Bubuka
Panutup
Eusi
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
Ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
Mamanis biantara
Eusi biantara
Panutup biantara
Bubuka biantara
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
Sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
3-4-5
2-3-4
1-3-5
Baca piken no 11,12
“ Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bias ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna ngarti mah bfapalkeun the lain ngan ukur waktu ulangan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Teu, ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis soalna!”
Amanat tina cutatan carpon diluhur, nyaeta…
Ngapalkeun teh kawajiban
Ngapalkeun dina waktu dek ulangan
Pungsina ngapalkeun
Poe harita dek ulangan
Baca piken no 11,12
“ Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bias ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna ngarti mah bfapalkeun the lain ngan ukur waktu ulangan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Teu, ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis soalna!”
Nilik latar tempat. Carpon diluhur, nyaeta di…
Waktu ulangan
Waktu diajar
Rohangan kelas
Rohangan sekolah
Anu disebut latar dina carpon teh . . .
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Pesen Pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, disebut….
Galur
Téma
Amanat
Palaku
Nilai-nilai dina carita, latar belakang pangarang, jeung situasi sosial dina nyiptakeun carita kaasup kana….
Ciri-Ciri Carpon
Unsur Ekstrinsik
Unsur Intrinsik
Struktur Carpon
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap iwal….
Nghaturkeun nuhun ka na perhatian nu hadir
Medar topik/tema biantara
Nutup materi nu ditepikeun
Mere salam panutup
Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...
Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara
Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun
Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun
Tagog/penampilan kudu gaya
1) ngadadak (Impromtu)
2) maca naskah ( manuskrip )
3) ngapalkeun teks ( memory teks )
4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )
Nu kaasup kana Teknik biantara, nyaeta…...
ngadadak (Impromtu)
maca naskah ( manuskrip )
Kabehna bener
nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )
Jalma nu ahli biantara disebut …..
Orator
Proklamator
Hotib
Operator
Sawatara hal di handap ieu nyaeta fungsi biantara, iwal….
Nembongkeun nu kaparigeulan nu biantara
Nyiptakeun suasana kondusif jeung hubungan nu harmonis
Ngalancarkeun komunikasi
Media komunikasi organisasi
Di handap ieu, mana nu kaasup buku kumpulan carpon karya Yus Rusyana….
Nu Harayang Dihargaan
Jajatén Ninggang Papastén
Dogdog Pangréwong
Diwadalkeun ku Siluman
Buku kumpulan carpon munggaran dina basa Sunda téh judulna ...
Nu Harayang Dihargaan
Dogdog Pangréwong
Diwadalkeun ku Siluman
Jajatén Ninggang Papastén
Ieu di handap ciri-ciri carita pondok, iwal...
Upama diukur ku waktu macana, antara 10 nepi 20 menit
Permasalahan nu dipedar kompleks
Kajadian nu dicaritakeun biasana ngan ukur hiji kajadian
Jumlah kecapna tara leuwih ti 10.000 kecap
Galur carita anu rangkaian kajadian susunanna teu luyu jeung urutan waktu kajadian atawa carita nu gerakna (flashback), disebut oge...
Galur Mundur
Galur Campuran
Galur Biasa
Galur Maju
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
Sakola
Gudang
Lapang
Alun-alun
Sawatara hal ieu dihandap nyaeta mang rupa tujuan biantara, iwal….
Mangaruhan pamiarsa ( audience )
Alat pikeun komunikasi
Mere informasi
Mere pikabungaheun kanu sejen
Bedana biantara jeung khutbah nyaeta....
Tehnikna
Strukturna
Padikana
Temana
Metode anu digunakeun ku presiden teh...
Diapalkeun
Impromtu
Ekstemporan
Manuskrip
Mana nu kaasup kana biantara teu resmi...
Biantara dina upacara
Biantara dina rapat DPR
Biantara ngaresmikeun sakola anyar
Biantara sukuran boga imah anyar
Metodeu/teknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin poin nu dianggap penting nyaeta...
Ekstemporan
Persuasif
Ngapalkeun biantara
Improptu
Titénan ciri-ciri ieu di handap!
1) Caritana rélatif pondok 2) Kajadianna tunggal 3) Caritana kompléks jeung tokohna loba 4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé 5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)
Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…
3,4,5
2,3,4
1,2,4
1,2,3
Titik minat pangluhurna dina hiji carita anu ngandung aksi pangréana atawa pangpentingna dina carita pondok disebut...
Konflik
Klimaks
Krisis
Tokoh
Galur atawa plot nyaéta...
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Téma nyaéta...
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Nu paling utama, bédana dongéng jeung carpon nyaéta…
Dongéng mah aya nu ngarangna, carpon mah anonim
Amanat dongéng mah implisit (tersirat) ari carpon mah éksplisit (tersurat)
Aya henteuna unsur pamohalan (teu asup akal dina carita)
Aya henteuna plot carita anu ngahudang kapanasaran anu maca
Naon hartina kecap mundel teh...
loba mangfaat jeung loba pulungeunana
merhatikeun kaedah-kaedah biantara
luyu jeung aturan nyieun teks biantara
strukturna kudu bener
Bentes dina nepikeun kecap jeung kalimah dian biantara...
sora (artikulasi)
pasang peta
lentong (intonasi)
nada
Istilah biantara sarua oge hartina jeung...
orasi
moderator
nyarita
orator
Ieu dihandap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun .....
Ucapan hatur nuhun
Muji sukur ka gusti Allah SWT
Ucapan menda dihampura
Salam pangwilujeungan
Perhatikeun 7 unsur biantara di handap ieu! 1) Pangabagéa Randegan 2) Salam bubuka 3) Bubuka Biantara 4) Panutup Biantara 5) Pangabagéa 6) Eusi Biantara 7) Salam Panutup
Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…
3-5-2-1-6-4-7
2-5-3-1-6-4-7
2-5-3-1-6-7-4
3-2-5-1-6-4-7
Sebutkeun jeung jelaskeun unsur intrinsik carpon!
Naon bedana carpon jeung dongeng?
Naon anu dimaksud carita pondok?
Sebutkeun jeung jelaskeun teknik Biantara!
Sebutkeun 3 bagian naskah biantara?
